Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna ka
kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan
padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe tiasa
nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina
raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana
kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah nu
antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya
sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka nya
saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran
kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak narik
hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse
nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana sok
rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi ka
gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada
nyalse.
Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang
kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak teh,
waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina,
tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta
ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik teh
biasana tos nyusun heula “hipotesa” numutkeun
pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta
perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana
ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da
kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae hasilna
tiasa benten sareng nu saestuna. Da  numutkeun sim
kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif
(sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas
kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe
ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun deui
(naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi
nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan
tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan
mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha
tulisan/buku teras  pleng les terang-terang nonghol di
Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut
spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh
mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur
kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.
Naha aya kitu Agama Sunda?? mun aya nu kumaha ?? Kitu
nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade
nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin
kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da di
nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah aya
nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring kungsi
ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos
kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan
International terbatas ngeunaan “Religion minority and
belief” di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti
India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia,
Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari
religion ceuk basa Sanskrit mah disebutna”Dharma” ,
jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge
waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj (ahli
Fiqih ti  NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng
jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas di
CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal
kecap/istilah Nilah – Milah  jeung Din nu hartina dina
basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae
jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung din
teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa bae
di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun nabi,
da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun
diitung jumlah nu  turun di timur tengah masih keneh
aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.

Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen eta
kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian urang
sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu
tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran
boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae pikeun
nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu kaci
lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun,
jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak kacau
(a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon
dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya
kecap “gama”, lamun nyokot tina basa Yunani, naha aya
kitu kecap “Agama”. Aya oge kecap “gamma” nu sok
dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar, tapi
nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya nu
tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding
ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya
henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag. Ceuk
pamanggih sim kuring kecap “agama” tina “Hagama” asal
tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti),
jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman kaemasan
Majapait disebut “Nagara Kartagama” nu hartina nagara
nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan
rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu Maha
Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang estu
patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina
patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun
urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa jadi
manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus
rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar
tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang
lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur
Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu
geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur nu
teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli
dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang
Sunda. Kitu deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan
lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana saripatina geus
ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu
kaleueut, kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup,
hawa panas jeung panonpoe nu kaserep, asa butek teu
ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih ngamumule
lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan,
nganggap suci ka lemah cai batur ari lemah cai
sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual
murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu
urang nyieun lemah cai, apan sagala nu diciptakeun ku
Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal sakuduna mah
diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara
sanyatana, da kawajiban manusa nurutkeun kersaNa
pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-sapariboga sangkan
awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna
pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa
genah-merenah jeung tumaninah nya salamet diri sakujur
 (namung punteeenn.... pisaaann .... ieu mah pamadegan
sim kuring bae). 
Tah patokan Gusti eta nu ku luluhur Sunda geus prak
dipigawe kalayan sanyatana bakat ku nyaah ka
anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka
dirina, ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada
kawula, ka alam-lingkunganna, oge tangtu ka Gustina.
Tah harita mah teu acan aya ngaranna ngan disebut bae
Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda
Wiwitan, Agama Jawa jeung sajabana eta mah
kadieunakeun sanggeus agama nu datang marake merek),
tapi sanggeus datangna kayakinan/kapercayaan luar ti
bangsa deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama
mahluk, ka alam jeung ka Gusti numutkeun adat jeung
budaya bangsana nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut
bae agama Hindu, nu datang ti  kapercayaan Budha
disebut bae agama Budha, nu datang ti Islam disebut
Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama
Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu
meunang disebut agama, nya disarebut bae kapercayaan,
padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan
terhadap Tuhan YME mah nya ti taun 1973 sanggeus abus
dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan atawa
Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap
“batin” jeung “rohani” eta kecap tina basa Arab,
sedeng nu diagem ajaran asli, geuning nyata patukeur
baju teh, nu ti jero make ngaran deungeun nu ti luar
make ngaran pribumi (jati kasilih ku junti). Didieu
sim kuring bade ngabandingkeun sareng pangalaman urang
nu anyar keneh, ti keur leutik malah nepi kaayeuna ari
nyebut pasta gigi teh sok nyebot odol, kajeun merek
naon bae aya odol merk pepsoden, aya odol merk
Ritaden, merk close-up jsb, teu apal yen odol teh hiji
merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang,
sanggeus merk odol teu kaluar deui,  ngaran odol teh
jadi ngaran “generik” pikeun pasta gigi. Kitu oge
sababaraha taun katukang ari nyebut tustel, kajeun
merk naon bae sok disarebut “kodak”, padahal kodak teh
ngaran merk tustel nu baheula ngamasarakat (populer),
tapi sanggeus  merk kodak jebul deui, laun-laun jarang
nyebut kodak nya tustel bae, conto lain cai mineral
lamun urang nitah meuli cai mineral teh sok nyebut
pangmeulikeun aqua, sok sanajan nu jebulna merk Vit,
nya jarang diprotes da nu dimaksudkeunana cai mineral.
Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang
ka eta bangsa jeung agama nu datang ti deungeun, sabab
luluhur urang geus make patokan Gusti tea, yen mandang
ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka
batur da urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka
batur dan urang oge embung diserang, dina laku hirup
jeung kahuripan teu garah geureuh ka batur sabab boga
pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya
akibatna agama-agama deungeun jadi ngembang kalayan
subur sabab teu diganggu, tapi nu tetep mikukuh jeung
mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari
tetep hirup teu leungit sok sanajan ngurangan jeung
jadi kalindih. Nu jadi hanjakal pikeun sabagian bangsa
urang, oge sabagian urang Sunda kmiwari, nyaeta naha
geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa,
lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung
disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit,
contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh
dianggap kumpul kebo teu disahkeun jadi teu meunang
bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap
anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang
ngan disebut anak indung teu disebut ngaran
bapana/haram??), dina digawe jadina teu meunang
tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti
pamarentah, dina digawe di pamarentahan lian ti hese
abusna, dina abusna tong ngaharepkeun dipromosikeun
najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi
tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk
salah sahiji agama ti luar  (nu-5), di lingkungan
masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa
 pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal
boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna
cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina
prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean
urang Sunda sok disarebut “Jati kasilih ku Junti teh”.

Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur
sorangan teh, jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa
pikeun identitas dirina jadi nyepeng agama nu di
kudukeun ku pamarentah/ masyarakat, cenah da bongan
dipaksa keun bae itung-itung  “nyumput buni dinu
caang” supaya teu dikucilkeun. Ana kitu boh
pamarentah, boh masyarakat umum geus ngadorong
sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal
apan ngabohong teh geus ingkar tina ajaran agama naon
bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu ngaku
ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP
duka ku Camat atawa Lurah/Kapala Desa sok rajin
dieusian jadi ngagem salah sahiji agama, ari diprotes
alesanana cenah kitu aturanna jeung euweuh dina
komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet,
euuh..... kutan nya manusa eleh ku komputer. Matak
pantes lamun akibatna bangsa urang disebut bangsa
munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh
dirarojong, jeung sok sanajan bangsa Indonesia teh
mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna
tingkat korupsi kaabus pangrongkahna di dunya,
kriminalitas lianna oge kaabus rongkah (geuning unggal
poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala
bentuk kaingkaran jeung angkaramurka), dina kahirupan
sapopoe geuning nu geus jelas nyolok mata buncelik yen
nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba
pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning
ku masyarakat mah tetep dipikaserab jeung diajenen
pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh
dirarojong ku masyarakat, jadi dina hal ieu masyarakat
ge boga salah pikeun ngadorong perilaku nyimpang teh,
matak pantes mun alam geus ngambek jeung  nyimpang
tina welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alamn geus
loba nu ingkar tina kamanusaan jeung leungit
kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, pan
ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman
teh ngabogaan sifat silih gumantung, da buktina nu
ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh asalna tina
sapipatina alam (acining cai-bumi-angin/udara-seuneu
jeung sari rasa alam). Mangga urang sami-sami
ngalenyepan....
Perkawis patarosan ti Kang Ganjar eta biasa sok
ditararoskeun dan ngukurna tina acuan agama deungeun
tea khususna ti agama Samawi, jadi mun teu sarua jeung
patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama
seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana
konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri
neangan saha nu dijadikeun nabi jeung nerangkeun
sorga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat
ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci.
Tah biasa patarosan teh soal saha nabina ?, naon kitab
sucina ?, kumaha sholatna ?, kamana kiblatna ?, naha
aya syahadatna ?, kumaha puasana ?,  naha percaya
ayana sorga jeung naraka ? kumaha sual konsep dosa ?
jeung sajabana. Mangga ku si kuring dipedar, tapi ieu
mah mung saukur paupamaan da teu sadayana konsep eta
aya wujudna, mung tiasa bae diterangkeun.

Soal Saha Nabina?
Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama
nu dimaksudkeun nabi teh nu ngadugikeun ajaran, nu
nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak
nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da
eta biwir jeung daya ucapna teh estu kersaning Nu Maha
Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli eta biwir
sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun
ngucapkeun jeung nyoarakeun nu bener nu bersih nu
didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh sifat
Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh
jalma kudu jadi nabi da memang tugas manusa di dunya
pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas asih. Upama
nu dimaksud nabi teh juru salamet, nyaeta Indung Bapa,
da urang moal bisa mungkir yen salametna urang tug
dugi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena jasa
indung bapa urang, urang sarerea pasti tiasa
ngarumasakeun sakumaha gedena jasa indung-bapa urang,
coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa
urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna
nu sok kabejakeun dina TV, tangtu urang moal hirup
tepi kaayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu jadi
juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa
urang oge disalametkeun ku nini-aki, nya nini aki ge
sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun
indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel
atuh cindekna mah ti indung-bapak tepi ka luluhur
urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes mun
urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur
sorangan ulah dilalaworakeun. Cobi geura lenyepan sing
lantip, naha urang geus pernah husuk sidakep situhu
tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan sagala
puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya
ditamplokkeun ka indung-bapa jeung luluhur urang,
umumna mah geuning sok ditamplokkeun keur luluhur
batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean
da sok dianggap bae loba dosa, menta teh sangkan
diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung
geus netepkeun hukumna dimana melak eta nu metik
hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh
alusna boh gorengna.  

Naon kitab sucina ?
Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu
Maha Kawasa nu jadi Sumber Elmu pikeun bekel salamet
manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu
Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal
bisa diturutan ku manusa, kajeun ngan  ukur sahurup, 
manusa ukur bisa  maca, ngaji, terus ka ngaos,  eta ge
mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu
ti kitab suci Gusti mah asa pamohalan, jeung tinimbang
tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat ngalalakon di
dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat
ngelmu tina Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku
kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus sakitu kali
namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bisa
namatkeun elmu Gusti hartina geus sarua tingkatan
jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut
ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).
Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab
suci damelan pangeran tempat atanapi sumber elmu
kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta alam
semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek
geura baraca (maca), terus diaji (ngaji) mun geus
kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana. Cobi
bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge
kaasup diri sakujur urang nu mungkin salah sahiji
surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina diri
urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di
alam, maca -ngaji –jeung ngaos elmu nu aya dina diri
nu sapopoe dibabawa, asa pamohalan urang bisa
namatkeun tepi ka urang pulih ka jati mulang ka asal,
da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi
manusa ngotektak ngaguar elmu dina diri, geuning can
taramat keneh bae. 
Upama urang maca jeung ngaji kana tangkal cau contona
nu jadi salah sahiji ayat Gusti, urang bisa maca
sabagian tina diri tangkal cau, geuning tangkal cau
mah geus rumasa jeung tumarima dikudratkeun jadi cau,
nya tangkalna tangkal cau, daunna daun cau, jantungna
jangtung cau, buahna buah cau, akarna akar cau, tug
dugi ka rasana (batina) oge rasa(batin) cau teu
nyimpang tina papagon hirupna, teu ingkar tina
kudratna kersaning Nu Maha Kawasa, malahan urang oge
bisa ngabedakeun bedana rasa jeung tangtungan cau
ambon, cau muli, cau emas, cau kepok jsb., tara sugan
patukeur rasa (batin) sok sanajan papada sasama cau
estu natrat ngukur ka kujur mituhu kana KersaNa Nu
Kawasa. Dina amal-amalanana oge jelas, manehna geus
kumawula ka manusa jeung sasatoan, geus ngabuktikeun
kawelas kaasihna tangkal cau rido dirina paeh sanggeus
cauna diala (tangkal cau umumna terus paeh lamun geus
diala buahna), tapi samemeh buahan tangkal cau sok
tatan-tatan ngabogaan anak heula, sangkan kumawulana
langgeng. Tuh geuning sakitu luhurna eta babakti cau,
da jelas tangkal cau ge papada mahluk hirup sanajan
beda cara hirupna jeung manusa. Tah balik deui ka
urang sanggeus ngaji eta tangkal cau, naha urang nu
geus dikudratkeun kersaning Gusti jadi urang Sunda,
naha geus rumasa rasa Sundana tetep kukuh pengkuh teu
patukeur rasa (batin) jeung sasama manusa liana nu
dikudratkeun jadi bangsa nu beda tangtungan jeung
rasana numutkeun adat jeung budayana, jeung geus
sakumaha urang migawe kumawula ka papada hirup teh.
Mangga bandingkeun jeung cau, naha bener urang leuwih
luhur ajen tinimbang cau .???
Soal tulisan Gusti nu teu bisa diturutan ku mahluk
Gusti, didieu jelas naha urang bisa nyieun cau
kilangbara tangkal cau sautuhna mah (paling oge bisa
nyieun ukur cacauan nu teu sarua jeung cau nyaan),
naha urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian
leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu
pasti beda fungsi jeung sifatna, Jadi jelas didieu yen
tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah
moal bisa diturutan ku jelema, jadi jelas Sucina,
matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu
leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama
nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela
ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
....Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.
 
Kumaha sholatna jeung syahadatna ?, 
Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya
teh nyaeta kecap Sembahyang nu hartina
Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula
teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek
dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah
nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti
Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti
Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji
diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon
bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung
naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura
saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu
Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa
nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung
rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang
mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa nu
dititipkeun asal ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu
ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah
Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu
berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh
mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain
ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa,
tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah
lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan
lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku
KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat
jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya
di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi
kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun
urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima
kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa
sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu
ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku
welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya
Sunda nu ngurus dirina sangkan
cageur-bageur-bener-pinter-jujur jeung salamet,
ngamumule lemahcaina, miajen jeung mituhu ka
luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya
nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya
deungeun, tinangtu sah adatna.
Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang
Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da
bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha
Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bisa
gerak ge ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara
puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon
bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti
mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun
hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus
nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. Jadi tinggal
prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu
Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk
dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon
hirup sapopoe pikeun “tapa di mandala”  nu hartina
prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam
raya  (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit
(diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung
papagon kamanusaan. 
Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa, 
osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening-Eling-lan
Waspada, nu intina ngendapkeun rasa, pikir elingan
jeung  kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti
Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung
Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka
para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna
geus rumasa jeung tumarima tos dipasihan sagala
kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihna tos
katarima, nya ngucapna ijab-kabulna mah ku basa batin
bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina.


Kamana Kiblatna?
Ari kiblat teh ceuk pamaham sim kuring, nya patokan
arah pikeun kadeuhueskeun ka Gustina jeung
nganyahokeun salah-benerna. Tah upama eta hartina ceuk
ajaran luluhur Sunda mah nyaeta tangtungan diri badan
sakujur, da geuning pikeun nangtukeun mana
kaler-kidul, wetan-kulon jeung luhur-handap teh
geuning tangtungan diri, da geuning lamun urang aya di
kota Bandung nyebut Lembang teh aya di kaler, tapi
sabalikna lamun urang keur aya di Subang nyebut
Lembang teh ayana di Kidul, pon kitu deui urang
ngarasakeun uyah teh asin, gula teh amis, cengek teh
lada apan eta teh nyata ceuk rasa nu ngancik di letah
nu aya dina diri, nyahona warna beureum, bodas,
koneng, jsbna oge ceuk awasna panon nu aya dina diri,
eta awas teu bisa dibohongan da lamun ceuk batur
koneng, tapi ceuk awasna panon netelakuen bodas nya
tangtu bae kayakinan teh bodas moal bisa dibohongan.
Nu kitu disebut elmu nu hakiki teh lain cenah jeung
lain beja estu nyata karasa ku sorangan da ari cenah
jeung cenah keneh mah can karasa kasaksi ku sorangan
eta hartina can jadi elmu, pon kitu deui dina
ngarasakeun kawelas-kaasih Gusti, ngarasakeun
pangawasana nu asal ti Gusti, tangtu ngagunakeun
tangtungan dirina sewang-sewangan, teu bisa urang
tuturut munding atawa jiga beo nganyahokeun ka Gustina
ngaliwatan cenah ceuk batur, na kumaha ngayakinkeunana
lamun masih cenah, estu kudu karasana disorang ku
sorangan keur sorangan jeung nyorangan tah eta ceuk
kolot disebutna elmu kasunyatan teh, matak dina wayang
mah diri teh disimbulkeun jadi “Batara Guru”, da
sagala kanyaho teh apal jeung nyatana teh make diri.
Jadi ceuk kolot lamun urang hayang deuheus ka Gustina
atuh geura “nalungtik diri ngotektak awak, nyungsi
diri nyuay badan, angelo paesan tunggal”. Da urang
tangtu moal apal ka Gustina mun teu apal ka dirina.
Ari lolobana mah geuningan seueur nu neangan Gusti
jauh-jauh bari cul kana ngaraksa jeung ngariksa diri,
ceuk istilah Mama Mei mah cenah loba nu neangan seuneu
kundang damar, nyukcruk leuwi neangan cai,
kukurilingan neangan sangu bari mawa sumbul eusi kejo,
tinggal prak naha bet ngaprak. ( tapi punnteeen). Tapi
ceuk bawirasa sim kuring asa teu jauh-jauh teuing
hakikina mah jeung ki dulur nu nedunan munggah haji,
punten ieu ge pami kenging macakeun make dadasar
kacamata elmu Sunda, nya pami teu sapagodos, anggap
bae katerangan ieu teu aya. Ieu mah nu kasaksi dina TV
geuning  dina raraga ngadeuheuskeun jeung Gustina teh
sok ngurilingan wangunan kabah atawa “baithullah”
(punten pami lepat nyeratna), beuki lila beuki
ngadeukeutan sangkan tujuanna bisa atel/nyabak komo
deui bisa nyium mah kana eta adegan. Ceuk bacaan elmu
sunda enya bener eta adegan nu dipusti-pusti teh
ngalambangkeun adegan diri nu kukuh, da buktina
bangunanna segi opat  kalayan aya pancerna (papat
kalima pancer) jeung aya kaen disingraykeun mangrupa
panto, nu kahartina ku kuring nyimbulkeun adegan diri
nu asal ti sarining cai-seuneu-angin-bumi jeung nu
jadi pancer kuringna, jeung eta panto dibuka pikeun
nganyahokeun Gustina, sedengkeun warna kaen panutup
hideung ceuk elmu sunda ngalambangkeun kukuh-pengkuh
atawa tetep teu galideur, atuh tangtu benerna pikeun
ngadeuheuskeun jeung Gustina geura kurilingan eta diri
sakujur kalayan sing pengkuh tong galideur dina
nyungsina. 
Atuh aya deui amalan lianna nyaeta maledogan
patok/menara  batu nu nangtung cenah pikeun ngusir
setan, eta kahartina ku kuring geura usir eta setan
(nafsu-nafsu goreng) nu nyaliara dina dirina
sewang-sewangan (batu satangtung ceuk Kisunda mah).
Pon kitu deui dina papakeana keur ritualna geuning
sagala pakean diuculkeun teu meunang dipake iwal ti
kaen bodas salambar nu dibeulitkeun pikeun nutupan
aurat, nu kahartina ku kuring nya tangtu lamun rek
deudeuheus ka Gusti Nu Maha Suci. Diri urang ge ulah
mawa rereged dunya estu kudu taranjang (asli)
dibeulitan kaen bodas nu hartina dibeulitan ku niat nu
suci. Tah kitu ceuk bacaan make dumasar Kasundaan mah.

Kitu oge lamun ngabandungan prak-prakanna shalat ki
dulur muslim, geuning dimimitian ku niat rek dedeuheus
ka Gusti terus bae wudhu beberesih da urangna ge kudu
suci lamun hayang deuheus jeung jeung Nu Maha Suci nu
sareatna mah geuning meresihan eta bagian-bagian
anggota badan nu biasa dipake pikeun ngalakukeun
kasalahan, nyaeta uteuk jeung elinganna, baham jeung
ucapna, cepil jeung danguna, soca jeung awasna,
pangambung jeung angseuna. leungeun jeung obahna,
sampean jeung langkahna. Tah eta pisan parabot nu sok
bisa dipake salah nu ngotoran kana diri teh. Atuh
tangtu bae eta mah simbolna da nyatana mah kudu
diwujudkeun dina tekad-ucap jeung lampah, jeung memang
salilana kudu deuheus jeung Gusti teh, nu hartina
beberesih teh kudu diudak keur salilana saumur hirup
urang kudu terus beberesih, supaya sifat manjing sifat
(sifat suci dina diri manjing jeung sifat Maha Sucina
Gusti). Tah eta simbul-simbul teh ku luluhur urang mah
teu pati dilulugukeun, tapi estu pok-pek-prak,
langsung dipigawe sanyatana dina tekad ucap jeung
lampah sapopoe. Tah kitu para wargi dulur-dulur Ki
Sunda, hususna ka Kang Ganjar mugi wae tiasa nambihan
ka wanoh, nya nuhun mun teras bogoh mah, komo mun seug
dugi ka jatukramina tiasa kebo mulih pakandangan. Naha
bade ku saha dipupustina elmu karuhun Sunda lamun
sanes ku seuweu-siwina Ki Sunda, ... mangga
nyanggakeun...

Ti iraha “agama Sunda” ayana ??
Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu
nyugemakeun, da teu acan kapendak, namung upami
ngabandungan para ahli sejarah jeung antropologi,
seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara
(Sunda) teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus
ka Nusantara, malah aya sabagean nu nyebutkeu yen
rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus aya, tapi
hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti,
kahontal ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda
kaabus bagja dikersakeun ku Gusti gumelar di lemah-cai
Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh
jinawi nu ceuk M.A.W Brouwer mah diibaratkeun tanah
parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti nuju imut
ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan
ayeuna anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan
jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu
buahna, daunna, tangkalna, jeung akarna bisa
dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan jeung papakean
nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna.
Tah kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek
ngadaharna, tangtu teu susah pikeun neangan pangan,
papan jeung sandang teh. Oge tangtu yen ti jaman
karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam
, 12 jam beurang jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku
Gusti ge karuhun urang geus dibere parabot jeung
pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas
kamanusaan di dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku
lamun beurang peuting teh ngan ukur dipake sare, da
teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare
tinggal dug. Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran
loba waktu nu luang da keur kabutuhan sapopoe harita
mah mah teu hese, sedengkeun alam nu sakitu kayana,
atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang ngagunakeun
waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina,
nalungtik dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun
nganyahokeun ka Gustina, mangga bandingkeun upama
digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah
kadaharan, atuh tangtu bae waktuna loba kasita keur
neangan pangabutuh diri nu tinangtu waktu pikeun
nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta
hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun
mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya,
matak teu heran lamun ti baheula luluhur urang geus
ngahasilkeun jeung budaya perhitungan, sitim
pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal
alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut
spirtual agama. Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka
awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk dalang), nu
antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung
agamana ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun
ge marawa oleh-oleh budaya jeung agama hasil
panalungtikan luluhur Sunda pikeun disumebarkeun di
lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya
maranehna. Tah sanggeus bangsa penjajah datang kalayan
pulitik adu dombana, nya jigana ti mimiti harita
bangsa urang nu ngagem kaaslian nu mikareueus
kalemah-caina dikerdilkeun ku panjajahan, nu ngagem
agama nu bisa nguatkeun kacintaan jeung kanyaah ka
lemah caina ditandasa, sabalikna mun nyebarkeun ajaran
nu nguntungkeun penjajah, nu matak ngurangan mikanyaah
jeung mikaasih ka lemah-caina disokong, antukna oge
muterbalikeun sajarah nu pajar luluhur bangsa urang
mah biadab teu berbudaya jeung agamana cenah
animisme-dinamisme (nya kaharti da eta pulitik
penjajahan – jadi lamun aya nu nyebutkeun yen luluhur
urang baheula cenah teu beradab jeung nganut
animisme-dinamisme, kacindekan kuring eta nu nyebut
teh antek penjajah bae), atuh sagala bukti kaagungan
jeung kaluhungan budaya luluhur urang diringkid ka
nagara manehna, sangkan urang leungiteun tapak jeung
leungit jati diri bangsana, nu dampakna ayeuna geuning
karasa urang jadi leuwih ngaugung-ugung bangsa
deungeun tinimbang bangsa sorangan. Jadi punten sakali
deui kuring can bisa ngabuktikeun eta kayakinan soal
kaluhungan elmu karuhun Sunda baheula, tapi apan
ajaranna mah sabagian masih diparake keneh, nya
mudah-mudahan sauetik-saeutik eta tutungkusan nu
disimpen di bojong jalan, nu diteundeun di handeuleum
sieum ditunda di hanjuang siang nuntut dibarukaan ku
nu manggihan, kitu oge geus waktuna kaneron teh
dibukaan, sugan jadi urang Sunda dihariap deui jeung
urang Sunda ngahampura, Nya Sunda jaya deui.
Sual nu diagem ku ki dulur di Cigugur, Lebak Cawene,
Ciparay, Gunung Halimun oge dulur di Kankes, eta
intina mah sarua, nu beda teh raehanana saluyu jeung
kondisi jeng situasi perkembangan jeung dongsokan dina
kahirupan nu kaalaman mangtaun-taun, nu teu weleh
ngalaman halangan jeung harungan boh nu di kota,
dikampung sumawonna nu di gunung. Jadi tangtu bae geus
loba nu laleungit, nya kitu deui dulur nu di Kanekes,
nu diparake ayeuna memang masih asli, tapi geus teu
lengkep, loba nu ditinggalkeun lantaran harita aya di
alam panyumputan diudag-udag ku tentara kasultanan
banten, nu tinangtu loba adat budaya nu teu bisa
dikembangkeun.  Oge nincak di jaman alam kamerdekaan,
jaman DI/TII masyarakat nu ngagem kasundaan dimusuhan
jeung loba nu ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman
rengsena PKI, ku lantaran teu ngaku salah sahiji agama
nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung dibui da
dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya
sikep diskriminasi ti pamarentahan, jeung deui ki
dulur nu lian mani aranteng bae teu ngabelaan
sumawonna  narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu
nyalahkeun, iraha atuh pabaralik pikirna ???.
Tah sakitu bae heula pedaran ti sim kuring pikeun
nedunan panghiap ti ki dulur kang Ganjar nu sanesna
mah ke urang sampeur deui kapayun, oge kasanggakeun ka
kidulur sunda sanesna, hayu atuh urang pada-pada
mikareueus jeung mikanyaah ka elmu Sunda, kusaha deui
mun teu ku urang. Hapunten nu kasuhun bilih langkung
saur, bahe carek teu sapagodos jeung pamendak para
dulur.

Cag ah, tabe pun sampurasun.

Pun Engkus tea.



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke