Agus K "PAKUSARAKAN"
Sun, 16 Dec 2007 09:42:52 -0800
Ceuk Si uing mah kieu kang khususna urang anu ngangkun muslim gampil nganilai moral mah teukeudah kamana-mana pan tos aya buktos pituduh anu nyarta anu parantos ku Allah di lungsurkeun ngalangkungan para nabis anu kawengku ku suhuf-suhuf nu dimansuk tina masing-masing masana eta suhuf kaasup Kita Injil di Mansuk ku Al-qur'an jadi keur nu ngaku muslimin wal muslimat mah ukuranan nana al-quran ceuk ati banten mah kieu ngan aya dua jalan din hirup jeung dua rupa jelama 1. jalma-jalma anu nyekel pageuh kana pituduh gusti buktosna al-quran 2. jalma-jalam anu keukeuh petekeuh nyekel kana perasaan jeung uteuk manusia nyaeta mah teulangkung bade anu mana, nu pasti jalan anu kahiji jalan anu keudah dilakonan ku jalma-jalma muslimin walmuslimaat mah janten dina perkawis moral atawa akhlak mah teu keudah jung ka gunung jung kasagar pikeun neangan dadasarna pan geus komplit aya dina al-quran kantun urang nafsirkeun nana kumaha? sakit ti si kuring anu seueur ka kirang tina elmu dan mung allah anu maha uningan kana sagala-galana maol aya hiji oge nu teu kaloris ku allah mah... wasalamu'alaikum Abu Hafizh / AP On 12/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres pisan bapa, margi indikator moral diukur mung ku jilbab hungkul > mah pasti naifna. Aki tams can mendak hiji kajantenana wujud ku hiji sabab, > atanapi ditangtoskeun wujudna eta mung ku hiji faktor. > > Bade ngajelaskeun moral diukur ku jilbab? Moral anu sae atanapi awon wae > ukuranana naon? Jilbab biasana mung kangge Istri muslimah anu yakin wajib > teras ngalaksanakeun kayakinanana. Padahal obrolan urang ieu teu ngan ukur > istri anu kacandak, tapi malah pameget oge?. > > Numawi dina kabiasaan nyaketan hiji masalah sacara ilmiah sok ngangge > pendekatan multi faktor analisis. Langkung seueur faktor anu diangge dina > eta pendekatan, tiasa janten langkung tiasa ngajelaskeun anu nuju > dianalisis. > > Tangtos teu sagawayah asal faktor, aya kaedah sareng logika anu diangge > nangtoskeun faktor2 naon wae anu bakal diangge. Indikator kangge moral teh > saleresna naon wae? eta masalahna dina obrolan urang ieu?. Sigahna kembangna > moral buahna prilaku /sikap? aki tams teu pasti, teu faham widang eta. > Satiap jalmi tiasa janten prilakuna benten2 dina rupi2 masalah, margi > ciri2na satiap jalmi oge teu sami. > > Perkawis aya henteuna hubungan, naha positif atanapi negatif antawis anu > dijelaskeun sareng faktor2 anu diangge dina eta pendekatan, tangtos aya > (pasti), mung hubungan eta teh naha signifikan atanapi henteu?. Biasana mah > anu sok disebat hubunganana kiat dinyatakeun dina persen (peratusan) > nyaketan kana angka 1 (100%) gumantung para ahli dina eta widang. > > Widang eksakta signifikansi 70% boa2 teu signifikan (sapertos dina urusan > nyawa pasen, penerbangan srrd), teu tiasa disebat eta hubunganana kiat. > Kadangkala dina widang sosial 60% oge aya anu nyebat signifikan. Maksadna > persen eta tiasa ngajelaskeun sakitu persen ku faktor2 anu diangge dina eta > masalah. Kadangkala oge sok dihartoskeun faktor2 anu diangge disebatkeun > signifikan atanapi penting diperhatoskeun. > > Punten sanes ngaguruan ngojay ka lauk he he he he, paralun teuing, ieu mah > mung sakadar anu kantos aki tams terang, duka kitu oge jigahna seueur oge > anu tos harilap yeuh. Kumaha atuh ngawaler patarosan kang Waluya?, diantos > baraya sanesna anu aya minat dina perkara ieu, naha sponsor biaya kangge > nalungtikna atanapi pangaweruh sareng sajabina, sumangga diantos, hatur > nuhun sateuacana. > > *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > Ngaos sertan anu paranjang duanana ieu..keukeuh wae teu acan jelas > jawaban kana patarosan Kang W soal korelasi antawis Jilbab sareng HIV?AIDS- > Moralitas ! Keukeuh wae ceuk abdi mah teu aya direct correlation..ngan aya > usaha jalmi bader ngahubung2keun..kanggo dakwah... > > > > On 12/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Leres dina Islam mah teu aya paksaan, tapi Nagari Arab teu kedah > > janten ukuran, da Arab teu sami sareng Islam. Sanaos kitu Alloh nurunkeun > > Islam di kawasan Arab, ngabuktoskeun Arab anu harita biadab /jahiliyah tiasa > > robah, mung ku perkembangan zaman sareng budaya oge sigahna, kawin teh cenah > > mahal pisan maharna? jadi eta geus robah tina ajaran Islam. Islam > > ngawajibkeun nutup orat teh sidikan supaya awewe jeung lalaki bisa hirup > > campur gaul diajar atawa digawe babarengan teu haram da awewena naruptup > > orat. Tapi nyakitu tea, naha ku adat budaya atawa zaman, jadi rubah jadi > > dipisahkeun. Nutup oratna oge leuleuwiheun sagala ditutup, padahal ti dituna > > mah dampal leungeun jeung raray mah teu orat. jadi carita di Arab kitu teh > > sanajan hukumna beurat, nya aya wae carita merkosa malah terus dipaehan. > > Sabab cenah jelema mah lamun jahat teh bisa lewih jahat tibatan sato > > (ceramah bang Iman baheula di Masjid Salman ITB). Dicontoan ku kalakuan anu > > jahat di kampung, mun kebo narajang kebon ngan saukur ngahakan jukutna, > > ngaruksak pagerna; tapi lamun jelema jahat aya sagala dibawa sagala dirampid > > rebo ngelek ngegel ceuk paribasana, aya sampeu, hui, cau, naon bae anu bisa > > dipaling, lain ukur didahar, mun bisa malah nepi ka dijual. > > Wangsul deui ka budaya awon di Arab, sadidinten ningali istri ditarutup > > oratna, ari usum haji aya awewe anu dibaju beda, awakna masih kaciri, dibaju > > tapi seksi, atuh barang aneh keur lalaki urang arab?? nya pantes bae dibawa > > kabur diperkosa malah terus dipaehan. Mahalna kawin di Arab, memang biologi > > teu bisa dibendung, tos fitrah manusa kedah kawin, teu sakedik anu milarian > > kawin kontrak di urang. Aki yakin lamun urang Islam kaffah dina Islamna, > > caritana bisa jadi lain??? Sanaos setan oge beuki canggih ngagodana, > > alesanana, manusa mahluk anu paling mulia tibatan mahluk2 sejen, asal ulah > > leuwih goreng tibatan sato?? > > > > *Waluya <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > > > > From: Tatang Sariman > > > Mungkin nembe yakin heula, prakna ke sugan......Tangtos teu aya > > paksaan ka > > > saha wae sareng ka pihak mana wae oge. > > > > Tah ari kitu mah urang sapagodos, teu kedah dipaksa, keun we kumaha > > kayakinan masing-masing. Perkawis AIDS/HIV sareng jilbab, aya > > hubunganana > > Aki Tams, ngan cenah nu dikurudunganana ulah sirah awewe, tapi sirah > > lalaki > > ...eta oge sanes sirah nu diluhur ....tapi "sirah" nu dihandap > > .....hehehehe > > > > Aki Tams, perkawis jilbab jeung moral, kuring rek nyandak conto di Arab > > Saudi. Kuring acan kaditu ngan ceuk beja, awewe arab saudi mah lamun > > kaluar > > kudu buni dikurudung ditambah dicadar, jeung teu meunang sosorangan kudu > > > > jeung mahramna. Awewe oge dipisahkeun jeung lalaki > > ditempat-tempat/fasilitas > > umum. Naha ku aturan ieu, moral jadi aralus? > > > > Tangtos nu parantos munggah haji, sok aya nu mamatahan, cenah kade lamun > > > > naek taksi, pamajikan ulah asup tiheula kana taksi, kudu lalaki ti > > heula. > > Alesanana bisi pamajikan dibawa kabur ku supir taksi!. Tina papatah eta > > oge, > > kacipta kumaha TEU AMANNA Arab Saudi keur awewe. Loba lalaki nu hayang > > ngobral nafsu, geus teu ningali deui moralitas demi nafsu!. Jeung loba > > dongeng deui nu nunjukkeun lalaki Arab Saudi ka obsesi luar biasa ku > > awewe. > > > > Lalaki Arab Saudi libidona gede kulantaran beuki daging embe? Ah sigana > > mah > > lain eta, daging embe mah ukur mitos. Tapi ceuk kuring mah kulantaran > > kahirupan sosial urang Arab Saudi misahkeun lalaki jeung awewe ti budak > > keneh. Kulantaran dipisahkeun, akibatna boh lalaki atawa awewe nganggap > > lawan jenisna teh "MANGKELUK nu BEDA" jeung manehna. Lalaki akhirna > > nganggap awewe sabage "mangsa" sabalikna awewe nganggap dirina salawasna > > rek > > "dimangsa" wae. Lalaki= singa, awewe=mencek. Nu aranna mencek salawasna > > kudu > > racingeus, sabab dimana-dimana aya predator nu siap rek ngerekeb. Singa > > (predator) dina neangan mangsana, tangtu milih mangsa nu teu awas kana > > bahaya. > > > > Awewe kudu siga mencek rancingeus, kudu dibungkus sing buni lamun kaluar > > ti > > imah, dianteur ku lalaki kulawargana, sabab lamun henteu lir ibarat > > mencek > > kukulamprengan dileuweung sosorangan, resiko dikerekeb ku singa gede > > pisan. > > Tah lamun logikana model kieu, tanggtu nu berlaku moral di leuweung lain > > > > moral jalma nu beradab! > > > > Nu hade, lalaki jeung awewe kudu papada ngarti yen dua mangkeluk beda > > lawan > > jenis teh, sabenerna mah mangkeluk nu sarua, lain hubungan antara > > predator > > jeung mangsana. Carana kudu gaul ti budak keneh. Sakola teu meunang > > misahkeun murid lalaki jeung murid awewe, dina sapopoena oge kudu gaul, > > nepi > > ka mucunghul saling pengertian. Sigana ku logika model kieu, sakola > > Islam > > tempat anak kuring sakola, tetep ngahijikeun budak lalaki jeung awewe > > sakelas. KItu deui sakola Katholik di Bandung, nu baheula mah aya sakola > > > > khusus keur budak lalaki, aya sakola khusus keur budak awewe. Ayeuna mah > > > > geus henteu, muridna dicampur. > > > > Eh jadi ngacapruks, naon hubunganana jeung Jilbab? .....ah lamun bisa > > mah, > > enya ditempo tina sudut ieu sigana jilbab teh teu kudu buni-buni teuing, > > > > tepi ka teu jelas ari nu disebut mangkeluk awewe teh siga kumaha nya? nu > > > > ngajedig dibungkus hideung wungkul kitu? > > > > Punten kanu teu sapagodos. > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > > > > > ------------------------------ > > Never miss a thing. Make Yahoo your > > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > > > > ------------------------------ > Never miss a thing. Make Yahoo your > homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs> > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung ----------------------------------------------------------- Koperias Amanah Sunda www.inkas.wordpress.com www.azzoman.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.co.id www.indonetwork.co.id/azzoman --------------------------------------------------------------------- http://aguspakusarakan.blogspot.com/ http://geocities.com/prabu_siliwangi http://geocities.com/lodaya_9 http://siliwangi.blogs.friendster.com