Bau Jengkol Sumbangan ti Syam Ridwan Sunday, 26 November 2006 Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya. " Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb. " Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus.. " Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini. " Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?" " Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"
Udud Sumbangan ti Kang Ndoell Sunday, 26 November 2006 Dihareupeun toko, aya budak ngora keur nangtung. Dangdananana model ayeuna, make calana jin bulao, kaos, sapatu jangkung jeung jaket tina kulit. Kacamata hideung nangklek dina tarangna. Leungeun kenca-na diasupkeun kana kantong jaketna. Rokok nu aya dina ramo leungeun katuhuna disedot bangun nu nikmateun pisan, tuluy haseupna dikaluarkeun lalaunan, meni nyerebung. Acan ge satengahna, lung we rokok teh dialungkeung tuluy dikekesek ku sapatuna. Nempo polah budak ngora kitu, bapa-bapa nu nangtung gigireunana melong. Ngarasa dipelong, si budak ngora balik melong deui. Papelong-pelong. "Aya naon, Pa ?", budak ngora nanya bari cekres deui nyeungeut rokok. "Ah henteu", ceuk bapa-bapa, "Jang, lain...Bapa mah ngarasa nyaah we eta duit dibeuleuman kitu. Coba geura nya, lamun sapoe beak dua bungkus we, pan sabulan pasti geus 60 bungkus. Rokok sabungkusna saeutikna lima rebu, sabulan teh meureun tilu ratus rebu. Sataun geus sabaraha, komo deui sapuluh tahun geura we pek itung. Mun eta duit dikumpulkeun, boa bisa kabeuli imah atawa mobil." Si budak ngora teu nembalan. Sirahna unggut-unggutan, jiga nu ngartieun eta bapa-bapa teh. Biwirna manyun, maju aya kana lima senti mah. "Ari Bapa teu ngaroko ?", si budak ngora nanya. "Henteu jang, ti bubudak ge can pernah" "Bapa gaduh mobil ?" "Ah, boro-boro mobil, rompok ge ngontrak keneh jang." "Abdi mah, mobil gaduh, rompok ge tos gaduh.", ceuk budak ngora bari ngaleos. Si bapa ngan ukur olohok. Setruk. Sumbangan ti Syam Ridwan Sunday, 26 November 2006 Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos. " Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu. Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir. " Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug " Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud. Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan. " Kang ieu katuanganana diculkeun wae !" " Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !" " Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk. " Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?" " Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !" Ceeerrrrrrrs...ngaciirr Kang dedoy --~--~---------~--~----~------------~-------~--~----~ Anda menerima pesan ini karena berlangganan ke Grup "aga-madjid" Google Groups. Untuk memposting ke grup ini, kirimkan email ke [email protected] Untuk bergabung dengan grup ini, kirim email ke [email protected] Untuk keluar dari grup ini, kirim email ke [email protected] -~----------~----~----~----~------~----~------~--~---
