Haturan baraya saalam maya, Kang Stw,
Kamari info IBM tea dicek deui, sigana mah akurat infona Kang. Divisi PC IBM enyaan geus dilesotkeun. Ayeuna teh geus milik China. Tapi ari ngaran biru tea mah teu dijual, kusabab kitu ayeuna make ngaran China tea, da geus 100% milik C. Perkara aturan joint venture di C, enyaan kudu siga kitu pamarentah teh. Ngatur sing baleg sangkan posisi ekonomi bangsana menyat. Strategi siga kieu kuduna mah di IND oge diterapkeun. Contona, apan loba bank lokal anu geus dibeuli ku pihak luar, teu kacaturkeun aya kawijakan husus anu meungkeut ieu pihak sangkan milu ngamajukeun rahayat. Aeh ketah, meureun kuring we anu teu nyaho... Cik urang bank, kumaha tah... sigana mah aya oge ieu kawijakan? Baktos, Rahman, Wassenaar/NL __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
