Aeh muhun, tadi teh emut pisan bade ngetikkeun rujukanana, ari teun kaburu
dikirim. Kaleresan simkuring maca dua buku kanggo rujukan:
- Perjoangan Paguyuban Pasundan (1913-1942), karangan Syarif Amin
(1984), terbitan Sumur Bandung.
- Paguyuban Pasundan: kebangkitan kembali orang Sunda, karangan Edi S.
Ekajati (2004), dina Seri Sundalana ka-2, terbitan KBU.
Judulna rada dirarampa, kirang langkungna mah kitu. Buku nu kahiji mah tos
sesah di pilari di pasar, pami nu kadua di Gramedia
(Bandung/Matraman-Jakarta) ge sigana mah aya.
jk
On 7/20/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten kang Kandar, sumberna timana tah eta teh? Pan
> biasana di lingkungan atikan mah sok disebatkeun
> sumber/referensina.
> Bilih sok bisi, aya wargi KUSnet anu hoyong maluruh
> langkung paos, tiasa milarian ti sumberna.
> Asana teh aya sababaraha hiji buku anu medarkeun
> perkawis Paguyuban Pasundan. Pami teu lepat mah di
> rumah baca Ua Sas aya sabaraha versi buku Paguyuban
> Pasundan ieu.
>
> Etang-etang napak tilas sareng maheutkeun silaturahmi,
> Pami aya waktos mah, baraya KUSnet di Bandung sumping
> ka sekretariat Paguyuban Pasundan. Langkung sae upami
> tiasa ngayakeun panglawungan sarang pangurusna, teras
> di dadarkeun di KUSnet. Kanggo nambih sumanget milis
> urang.
[Non-text portions of this message have been removed]
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/