From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Pangalaman kuring diajar di RI mah, sok diwewelan
> wae...nepi ka olab. ...........

Perkara "olab" kuring sapuk kang RH. Baheula jaman kuring sakola keneh, geus
ngarasa olab ku palajaran teh, loba teuing. Tapi ningali ayeuna, ampun
.....leuwih ti jaman kuring sakola, mata pelajaranana teh seueur pisan. Ti
kelas hiji SD keneh, palajaran teh geus rupa-rupa, padahal waktu kuring keur
SD mah (taun 1962 an), nu diajarkeun di kelas hiji SD teh, cukup diajar
ngitung jeung diajar maca ditambah budi pekerti. Bahasa Indonesia wae
baheula mah nembe diajarkeun di kelas tilu (atawa kelas opat kitu, harilap
deui).  Tapi ayeuna mah palajaran kelas hiji SD wae matak rieut, Bahasa
Indonesia, Matemtika, PMP, Agama plus mata palajaran tambahan. Bukuna wae
mani sabebed, tas barudak SD jaman ayeuna mah, mani bareurat, pinuh ku buku.

Aya sababaraha mata pelajaran nu "diulang-ulang" ti SD tepi ka Perguruan
Tinggi, jiga agama jeung Pancasila (PMP). Palajaran nu tujuanana cenah
supaya akhlak/moral jadi hade. Tapi nyaeta hasilna mah geuning kitu-kitu
keneh, malah loba nu nyebutkeun moral bangsa urang teh beuki dieu beuki
turun. Dua mata palajaran ieu, kuduna mah dievaluasi deui, naha perlu atawa
henteu. Palajaran Agama jigana mah cukup di SD atawa SMP wae, SMA jeung PT
mah teu perlu (iwal ti sakola agama). Palajaran PMP (pendidikan Moral
Pancasila), ganti ku Sajarah Indonesia, jeung cukup di sakola
dasar/menengah. Di SD kudu diayakeun deui palajaran Budi Pekerti keur
ngimbangan palajaran Agama. Palajaran Agama ceuk kuring mah loba teuing
nitik-beuratkeun palajaran kumaha urang berhubungan jeung Tuhan (Hablum
Minallah) tapi kurang dina palajaran kumaha lamun berhubungan antara manusa
(hablum minanas). Buerat teuing dina "hablum Minallah", tuntungna jadi
paradoks di nagara urang, sumanget kaagamaan di nagara urang leres ningkat
( ku seueurna masjid, ratusan rewu nu naek haji jrrrd) tapi korupsi jeung
sikep teu ngahargaan batur oge ningkat. Malah ari soal korupsi mah apan
kenging ranking .......hehehehe

Baktos,
WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke