Kahatur Baraya,
 
Keun wae rada laer oge, meungpeung syawal keneh, mugia ngahapunten kana sagala 
kalepatan sim kuring dunia warung Kang RH ieu. Salami ieu sim kuring mung 
janten pembaca setia, teu acan dugi kana penulis setia.
Kaayaan boboran dipadumukan sim kuring teu tebih ti naon anu kaalaman di lembur 
kang RH (NL), boh sarupaning lontongna, boh oporna, mung lontong/kupatna teu 
dibungkus ku daun kalapa (teu aya anu ngical).
Mung aya anu rada kurang merenahna teh kumargi dina pelaksanaan netepan Ied na 
diayakeun ku dua kelompok jamaah dina hiji gedong mung benten rohangan. Anu 
hiji jamaah RI sareng kulawargana, jammah anu lianan jamaah campuran ti saluruh 
nagara.
Mung sakieu heula reportase ti pangumbaraan.
Cag...ahhhhhh....

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, baraya sadayana, khususna Kang Tedi sareng Kang RH nu nuju
"piket" ngajagaan millis. Leres mani tiiseun, maklum panginten masih
lalebaran keneh. Kuring oge kakara mulang tas 'mudik" ti Sukabumi. Untungna
teh ti Sukabumi ka Bandung mah teu macet jadi lancar, ngan tilu jam. Ngan
eta, ari ti Ciawi/ Bogor ka Sukabumi mah, macet. Kamari aya dulur ti Jakarta
rek silaturahmi ka Cibadak kacegat macet, tepi ka 7 jam!.  Kitu deui jalan
tol Padaleunyi nu nyambung ka jalan tol Cipularang, arah ka Jakarta, tadi
waktu kuring ngaliwat, geus ngarayap ampir macet, aya kana 5 kmna. Sanajan
BBM awis oge, ari lebaran mah teu burung we dibareuli, da cenah ngan sataun
sakali ieuh ..............

Salah sahiji ciri "mudik" lebaran ayeuna, ku seueurna motor (speda motor) nu
dianggo "mudik". Gejala ieu saleresna mah ti taun kamari keneh, ngan ayeuna
mah asa
beuki nyeueuran. Di jalan pinuh ku motor, matak kagok nu nyupiran mobil, da
puguh motor mah sok teu puguh, aya nu nengah wae, aya nu nyisi jeung aya oge
nu luak-leok, sakapeung di tengah, sakapeung di sisi. Kitu deui lamun
nyusul, teu make aturan, sakapeung di katuhu, tapi lamun di katuhu
kahalangan, nyuruntul ti beulah kenca. Mending lamun nu nyusul teh ukur
hiji-dua, da ieu mah saabrulan, matak bingung anu disusul. Ceuk cenah mah,
seueurna motor teh kumargi seueur jalmi nu malaleser motor, kumargi BBM
awis, tinimbang nganggo mobil (bade mobil pribadi atawa mobil angkutan umum)
langkung mirah naek motor. Komo ayeuna mah motor dikriditkeun, ku uang muka
Rp. 500.000 oge (50 dollar amerika) tos gaduh motor anyar!

Tos ah ngadongengna, bisi bosen ............

Baktos,
WALUYA


----- Original Message -----
From: "Tedi Suhendari" <[EMAIL PROTECTED]>
To: "baraya sunda" <[email protected]>
Sent: Sunday, November 06, 2005 11:04 AM
Subject: [Baraya_Sunda] Tiiseun euy...


> Wilujeng KAng Rahman,
>
> masih keneh rehenya Kang, sibuk sareng aktifias di
> lemburna masing-masing jiga nateh,
> lembur pamidangan tea wa as ku ngemplok hejo ku
> jukutna lauk emas ting garudibeg sagede buruy, sora
> hayan pating caricit euweuh baturna mesing kitu oge di
> lembur mah betah we nu kacipta ku kuring mah Kang.
> sim kuring mah ka bagian jaga gawang lebaran taun ieu
> mah kang, hate we anu mudik mah.
> sakitu bae lah tamba tiiseun teuing.
>
> wasalam



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 



---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS 


    Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
  
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
  
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


---------------------------------



                
---------------------------------
 Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.  

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke