Baraya,
Keur ngahajakeun nengetan angka-angka statistik ngeunaan pendidikan di Jawa
Barat puguh ge ieu teh. Sumber bacaan mah eta wae buku "Akselerasi
Pendidikan Jawa Barat 20042008", pedalan Bapeda, 2003-2004. Aya sababaraha
hal minangka "serba-serbi" anu ngeletek menta dipostingkeun, diantaran wae
ngeunaan babandingan penduduk antara wanoja jeung lalaki di Jawa Barat oge
ngeunaan tingkat butahuruf (BH) di Jawa Barat anu ditataan per
kabupaten/kota. Mangga kahaturkeun.
Data anu digunakeun teh kawilang aktual, data biro pusat statistik (bps)
taun 2003. Sedengkeun babagian kabupaten/kota di Jabar anu dijadikeun
patokan aya 25 kab/kota, kaasup Banjar minangka kota pangbungsuna. Lumayan,
nyesa keneh 25 kab/kota (daerah tingkat II baheula mah, samemeh UU otonomi
daerah), sanajan wewengkon Jabar geus dikorowod...eh ...dibagi dua jeung
Banten oge.
Penduduk
Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44 taun taun 2003 teh total
jendralna aya 23.107.717 jiwa (tangtu wae jeung badanna, sabenerna mah,
piraku ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah sakitu, panglobana sumebar
penduduk Jabar teh di Kab. Bandung (11%), Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung
(7%). Nilik tina angka prosentase ieu, anu teu ngahontal nepi ka 10%,
kawilang rata oge sumebarna manusa anu dumuk di Jabar teh.
Lolobana awewe
Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe dibanding lalaki di Jabar,
tetela loba keneh awewe. Geura wae timngali angka ieu: tina jumlah
23.107.717 jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 (50,44%) diantarana eta
awewe alias wanoja, sedengkeun sesana: lalaki (yakin teu yeuh ka BPS?
boa-boa aya diantarana anu lain lalaki, oge teu kaasup awewe, wallohu'alam).
Anapon Kab./Kota anu panglobana awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes
ceuk Kang Sony jagoan game ieu mah), tetela ....Kota Tasikmalaya (lain
Indramayu geuningan). Ceuk BPS, taun 2003, babandingan jumlah awewe
dibanding lalaki penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora - eta 55%
: 45% atawa di Kota Tasikmalaya, taun 2003, aya awewe sajumlah 290.916 jiwa
sumanding jumlah penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup Tasik
euy...eh!!!.
Aya saabaraha Kab/Kota sejenna anu panglobana mibanda penduduk awewe
dibanding lalakina (sok sanajan angka perbandinganana teu nepi ka 55% :
45%), nyaeta Kab/Kota: Bogor, Bandung, Ciamis, Kuningan, Majalengka,
Sumedang, Indramayu, Subang, Karawang, Sukabumi, Bandung, Cirebon, Bekasi,
jeung Depok (4 anu akhir disebut sadayana kota). Tah, ka 15 kab/kota ieu
(kaasup Tasikmalaya), "perburuan" ti lalaki anu teu acan merenah vektor
papasanganana ditujukeun ("vektor" ceuk matematik eta "besaran" anu mibanda
nilai jeung arah :). Kitu soteh lamun ieu urusan "vektor" pakait signifikan
jeung kaleuwihan wanoja dibanding lalaki, sabab dina seuhseuhanana mah teu
kitu, sanes?
Pendidikan (BH-na kumaha)?
Wayahna, anu dimaksud "BH" di dieu mah taya lian ti singgetan tina istilah
"buta huruf" alias teu bisa maca. Apan ngaranna oge keur ngaguar angka
pendidikan.
Kumaha pakaitna ieu penduduk jeung BH? Atawa, aya hubungan anu pikahartieun
antara lobana jumlah penduduk, jumlah penduduk awewe anu punjul, jeung angka
tingkat BH di Jabar? Ieu sigana pedareun ka hareup, sugan rineh. Anu jelas,
ceuk BPS keneh, jumlah anu BH di Jabar, umur antara 10 - 44 taun sakabehna
aya kana 607.521 jiwa, diwangun ku 360.229 jiwa awewe jeung 247.222 jiwa
lalaki (sadayana BH).
Tetela geuning, anu BH mah di Jabar teh lolobana jalu. Tapi, ke heula anan,
tengetan data sejen ieu: Ceuk BPS, taun 2003, Kabupaten Subang ngarupakeun
wewengkon administratif anu pendudukna panglobana BH. Angka BH di Kab.
Subang ngahontal 17% tina jumlah pendudukna (Kab. Subang, jumlah penduduk
700.839 jiwa, diwangun ku lalaki, 47,9% jeung awewe 52,1%). Angka anu 17,1%
eta diwangun ku 7,2% lalaki + 9,9% awewe.
Tangtu wae, data ti hiji kabupaten/kota moal bisa dipake cekelan. Data di
kab/kota sejenna kudu ditengetan oge, memeh nyieun hiji kacindekan. Tah ieu
lain guareun konsumsi milist, sakurang-kurangna danget ieu jeung upama kudu
si kuring anu ngaurna (kawantu keur pakepuk). Keur saheulanan, ieu data 4
kab/kota sejenna anu angka BH luhur sanggeusna Kab. Subang: Kota Bekasi
(6,5%), Kab. Indramayu (5%), Kab. Karawang (4,4%), jeung Kota Cirebon
(4,36%)
Catetan:
Angka BH penuduk di Kab. Subang anu luhurna nepi ka 17% rada "aneh" tur
pikiraneun, sabab, rata-rata angka BH di Kab/Kota sa Jabar teu ukur 2,79%
(teu nepi ka 3%). Ceuk Peter Pan mah jadi "AADS" (Ada apa denganmu Subang?).
Panutup
Ngutak-ngatik angka sakapeung memang matak anteng. Orokaya, waktu jeung
tempat ngaguarna kawates. Cag heula, sugan kahareup bisa aya pedaran
lajuninglakuna. Anu aya, nyanggakeun, manawi aya manfaatna, upamana, pikeun
neruskeun program garapan urang (pabukon, PPK, ngaronnjatkeun IPM, Rakom,
jst).
baktos,
manAR
---------------------------------
Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/