Assalaamu 'alaykum,

Basa maca surélék ti kang Ato ieu. Asa kageuingkeun yén hanca garapan
komputerisasi aksara Sunda anu ayeuna téh teu acan sampurna. Sapuk sareng
pamendak kang Ato, aya sababaraha kauntungan ngalebetkeun Aksara Sunda kana
Unicode:

1)  Aksara anu dipidamel taun kamari (Ngalagena.ttf) mung ngagentoskeun
tampilan aksara anu aya (siga aksara k latin nganggo font Ngalagena janten
aksara Sunda 'ka'). Ku ayana Sunda - Unicode, aksara Sunda tiasa
ditampilkeun paréndéng sareng aksara-aksara sanésna bari teu kedah ngagentos
font, samodél dina program ngabuka imel, browser, atanapi data téks biasa.

2)  Unicode tiasa masihan fasilitas sortir (pangurutan) aksara gumantung
kana urutan aksara aslina. Ayeuna saupami urang nganggo font nu aya (
Ngalagena.ttf), nyortir aksara sunda teh siga nyortir aksara latin: a ba ca
da fa ga jst. Nganggo Unicode, urang tiasa ngurutkeun dumasar urutan aslina
"ka ga nga jst."

3) Kanggo panalungtikan téks nu nganggo aksara Sunda. Kapayunna mesin-mesin
paluruh siga 'Google' tiasa nampi ketikan kibor Sunda.

4) Para ahli aksara percaya yén aksara non-Unicode bakal kagantikeun
sadayana ku Unicode.

--
Saterasna, sabada ngimeutan conto-conto proposal aksara anu bakal
dipadungdengkeun di konsorsium Unicode, aya sawatara patarosan anu teu acan
kawaler:

A. Susunan aksara Sunda nu leres kumaha?
Dina artikel http://sundanet.com/artikel.php?id=233 Abah Surya nyerat
urutanna "KA GA NGA CA JA NYA  TA DA NA PA BA MA YA RA LA WA SA HA SYA KHA
FA QA VA XA ZA". Nanging dina gambarna mah pan "KA QA GA NGA .. jst." kitu
ogé dina berkas PDF anu kungsi dikintunkeun Kang Kandar dina ieu milis.

B. Peryogi aturan nyortir aksara tur kekecapan nu bakal nganggo aksara ieu,
ambéh komputer tiasa nyortir kalayan leres. (Data nu kasortir tiasa
dipaluruh langkung téréh dibandingkeun data nu teu kasortir). Naha bakal
nganggo aturan sortir siga Latin baé?

C. Sakedik uraian sajarah aksara Sunda nyalira.

D. Bukti-bukti yén aksara Sunda ieu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Sim
kuring mendakan plang nami "jalan Lingga Jaya" teras nami gedung Itenas.
Dupi nu sanésna aya deui?

E. Aksara Bali dina Unicode ngalebetkeun ogé simbol-simbol kanggo nyerat
musik Bali. Dupi di urang aya nu kitu?

--
Ningali patarosan-patarosan di luhur, proposal aksara sunda dina Unicode
kedah kénging kasapukan diantawis: ahli aksara, ahli sajarah, ahli komputer,
sareng pamaréntahna. Margi pami teu kitu, bilih kasus aksara Kamboja (
http://www.camnet.com.kh/cambodia.daily/selected_features/unicode.htm) nimpa
ka aksara Sunda. Aksarana tos dikodekeun, nanging aya nu lepat jeung aya nu
kakantun. Beuratna, saparantos lebet Unicode, moal tiasa dirobih atanapi
dikirangan. Mung tiasa ditambihan.

Kukituna diantosan pisan informasi salajengna.

Wassalaamu 'alaykum,
Baktos,

-Dian-

On 12/28/05, ato.riyanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Baraya,
> > Huruf sareng daftar huruf (Script) Basa Sunda numutkeun Javier Sola teu
> > acan nganggo huruf/script Sunda tapi nganggo LATIN Script (Script Eropa
> > Kulon boga huruf é ciga Sunda, contona). Dina proses lokalisasi komputer
> > ieu salasahiji proses nu kudu di jieun. Saena mah emang urang ngadamel
> > script Sunda nyalira teu make Script batur. Unicode salah sahiji Standard
> > Script nu aya di alam dunya.
> > Numutkeun abdi saena mah Ngabudayakeun komputer kanggo basa Sunda teh
> > dikerjekeun kalayan SISTEMATIS jeun REREONGAN ulah saurang-urang bari
> > pipisahan ('unintegrated'). Kapikiran ku kuring nyien hiji PROPOSAL kanggo
> > Departemen Seni & Budaya Jabar kanggo program Ngabudayakeun Sunda dinu
> > Komputer, ngarah aya bantuan MORIL & MATERIL, ngarah bisa ngudag waktuna.
> > Kitu numutkeun pribados.
> > Kang Ato
> > Nu hoyong gaduh komputer basa Sunda......
> > (file nangkop teh proses lokalisasi komputer nganggo Open Source)
> >
>
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke