Kang Dian sareng Kang RH,

Hatur nuhun Kang Dian, anu parantos masihan alamat eramuslim, 
perkawis saha nu (arek) dipeuncit teh. Jadi leres aya dua versi 
geuningan nya. Kuring mah jadi emut ka carios Ramayana, nu aya dua 
versi. Versi India nu umumna urang terang, Rahwana teh angkara murka 
ari Rama nu ngabasmi angkara murka. Tapi dongeng Rahwana vs Rama di 
Srilangka, malah sabalikna. Rahwana jelema bageur, ari nu jahatna 
malah Rama! (ceuk beja mah cenah di Srilangka mah aya patung 
Rahwana!). Moal boa, ribut di Srilangka antara urang Sinhala jeung 
urang Tamil (nu tadina daratang ti daratan India), dimimitian ku 
beda versi dongeng Ramayana ieu( pantesna ..........hehehehe). Kitu 
deui antara Arab jeung Yahudi ..............


Baktos,
WALUYA


-- In [email protected], Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Panuju sareng kang Rahman.
> 
> Saleresna sanajan aya benten pamadegan, saena henteu kedah 
ngabalukarkeun
> papaseaan. Saupami aya nu lepat, nya nu diutamikeun kajembaran 
manah
> masing-masing. Boa lantaran kakurangan elmu atanapi pangalamanna. 
Panginten
> hal ieu anu ngabentenkeun antawis umat nu 'dewasa' sareng umat nu 
leuwih
> ngagugu emosi.
> 
> Kumargi jejer dina email ieu nyaeta 'Saha nu dipeuncit?' abdi bade 
nambihan
> referensi wae, anu diserat Ust. Ahmad Sarwat dina
> http://www.eramuslim.com/i.php/ksl/view/0298.htm
> 






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke