Kang Yudi, punten mayunan Bah Sutriwa. Ke kuring mah rada bingung ieu teh, nu disebat Kapitalis teh naon?. Ceuk dina buku budak kuring ( Oxford Ensikopedi Pelajar) mah kieu cenah : "Jelema nu loba duit, nu bisa ku maranehna diinjeumkeun ka batur atawa digunakeun dina perdagangan keur ngahasilkeun leuwih loba duit deui". Tah upami Kapitalisme naon? meureun kulantaran nganggo "isme", hartosna faham "numpuk duit/harta" kitu? jiga Paman Gober , dulurna Donald Bebek nu karesepna kana "duit", tepi ka sare oge dina tumpukan duit, tapi peditna kabina-bina, tara maca koran nu medal pas poena, tapi nu kamarina, ngarah gratis. "Panon"na ngadak-ngadak "hejo" upami aya "peluang" investasi, sanajan aya di Pulo leutik nu leuweungna masih geledegan.
Ayeuna di urang, aya deui nu asup "Juragan kapitalis" teh, nu dagang BBM di SBU nyaeta Shell. Kulantaran hak monopoli Pertamina dicabut, Shell bisa jualan minyak ka konsumen langsung. Bensin Petramax Pertamina nu tadina dijual Rp. 5400 ngadak-ngadak turun jadi Rp. 5.000, sabab Shell ngajual bensin nu mutuna sarua jeung Petramax ukur Rp. 5.000.-. Sakedap deui cenah Petronas, "Kapitalis" minyak ti Malaysia nu rek ngiluan dagang minyak di lembur urang teh. Duka tah, lalebetna "kapitalis" ka Indonesia ieu teh sae atanapi awon?. Eh ............janten ngacapruk kamana-mana. Tapi ieu teh hoyong naroskeun antara Islam sareng Kapitalisme nu disebat ku Kang Yudi. Urang Arab tos kakoncara para sodagar ageung, malah Kangjeng Nabi sareng Istrina oge tiasa disebatkeun sodagar, sateuacan anjeunna diangkat janten Nabi. Atuh nu nyebarkeun Agama Islam di urang oge, sok disebatkeun kaum sodagar ti Gujarat (sanajan ayeuna, aya oge nu nyebatkeun Islam nu nyebar di urang teh ti urang Cina Muslim). Daerah-daerah nu Islamna kuat di Indonesia, umumna jalmi-jalmina tarukang usaha (Tasik, Laweyan Solo jrrd). Organisasi Islam pangheulana nu lahir di Hindia Belanda namina Sarikat Dagang Islam, cikal bakalnya SI, partey Islam nu mungaran. Sodagar tantosna oge gaduh kakayaan alias modal bin kapital nu digolangkeun keur neangan kauntungan nu lewih gede deui. Tah palebah dieu kuring bingung margi Kang Yudi nyebatkeun Islam teu ngadukung Kapitalisme. Cobi ah dibahas didieu ...............ngarah kuring jeung baraya nu sanesna "kacerahkeun". Baktos, WALUYA (Posting ieu kantos dipostingkeun, ngan teu lebet-lebet, dicobian kanggo kadua kalina) http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
