Bagea, Kang Ahmad... Kamana wae..? Sapuk pisan, Kang... Kabebasan pers teh gumantung pisan ka saha nu nyepeng eta pers. Mun nu nyepeng pers-na jujur & tara "gedag kaamplopan", sarta boga rasa tanggung jawab anu bener ka masarakat, sigana mah moal aya masalah dina hal kabebasan pers teh. Ari ayeuna, kabebasan pers anu sok rame dipadungdengkeun teh biasana mah pakait jeung hal2 anu sipatna kontroversial di masarakat, misalna masalah ajen-inajen budaya, moral, jsb. Ari nu model nembrakkeun hiji perkara kalawan jujur, komo nu aya patali jeung pamarentahan jeung usaha mah, tara pati rame. Aya ketang, model kajadian di Majalah Tempo tea, gara2 si bedul nu boga Artha (enya kitu?) teu suka manehna disabit2 dina kasus Tanah Abang tea geuning... Nepi ka redakturna unggah bale watangan kitu, memang urang pers (nu bener) ngarasa kapeupeuh pisan..
Kabeneran deuih, peuting teh maca tulisan Pa Ayip Rosidi dina bukuna Ucang-ucang Angge ngeunaan hiji wartawan sobatna, almarhum Dayat ..., pamingpin Antara Bandung jaman 60-70-an. Nya kurang leuwihna mah samodel jeung dongeng Muhtar Lubis lah... Mun maca nu kitu, kakara rame... isk On 2/15/06, Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Tah....., lamun kitu kira2 masih "relevant" teu lamun disebutkeun yen > di Indoensia dianggap yen kontrol media di Indoenesia minim > disababkeun masalah teu ayana "kabebasan pers"? > > Ceuk sim kuring mah....., aya jeung hanteuna berita dina koran leuwih > disababkeun ku amplop lain kusabab aya jeung teu ayana "peristiwa", > lain oge kusabab aya jeung teu ayana "kebebasan pers", iwal nu aya teh > kabebasan wartawan pikeun narima amplop jeung kabebasan pikeun > ngawarta keung jeung hanteuna..... [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
