--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >
> > 2) Kunaon Indonesia milih abstain dina soal Nuklir Iran, henteu > ngadukung Iran? > Kang Wly, Ngabandungan ieu masalah, kuring mah rada ginggiapeun Kang. Asa palalaur lamun Iran bogaeun sanjata nuklir. Masalah na? Kieu geura. Anu jadi masalah keur kuring mah... saha nu bisa ngontrol pamarentah Iran? Rahayat na oge apan teu bisa nyoara! Kontrol ti jero, baca: ti rahayat Iran sorangan bisa dianggap enol koma enol. Kontrol ti luar Iran PASTI dianggap campur tangan, jeung bakal dipake ngukuprak rahayat sangkan ngadukung kawijakan pamarentah na anu teu demokratis tea. RI ulah ngadukung Iran dina ieu masalah. Lamun Iran boga anu kieu patut bakal nambah runyem masalah TimTeng. Kumaha lamun Iran ngahajar Israel, terus Israel males, heg Amrik pipilueun, Rusia ngengklokan, Cina, Pakistan, India pabaliut ..... Moal salah Kang, KIAMAT teh jadi sigana mah. Skenario kadua: Syiah lawan Sunni... oge pipakepukeun! Kumaha deuih lamun Ayatulloh anu engke kawasa rek maksa hayangeun 'NGAMUSLIMKEUN'nagara2 tatangga na? Apan kaciri ayeuna ge, Iran boga kahayang ngekspor revolusi. Kuring mah jadi gagaro teu ateul mikiranana ge. Kumaha pamikir nu sanes na? baktos, rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
