Saleresna mah ghost buster na teh Wayne, basa manehna nempo jalma kolot dikamar kadua, eta mah manehna teh paciweuh neangan eta jalma kolot, ka kloset, terus ka kamar mandi, sampe kakolong tempat tidur..he..he..he.. abi mah kalah teu kuat kuseuri harita teh....
Teras Wayne teh nyarios ka abi, bade masang vidio di kamar kadua, hoyong terang eta jurig naon, manehna teh nyiapkeun vidio, ditungguan sapeupeuting teu nongol-nongol, manehna teh kukulutus sorangan,ceunah ari dihaja didagoan teu muncul, ari teu didagoan ujug-ujug muncul siga nenek sihir, atuh puguh bae abi teh teu kuat nahan seuri, da eta mah Wayne sapeupeuting masang vidio hoyong ngarekam jurig he..he..he.. Tadina mah Wayne teu percaya kana jurig, saparantos ningali sorangan mah mulai tertarik hoyong ngarekam gambar jurig sagala, he..he.. Leres kang Rahman, waktos di Indonesia mah abi teh percaya teu percaya, soalna tara ningali jurig, naha ari di CAN mani jelas ku abi katingali dikamar abi sorangan, hiiiiiiii matak merinding lamun inget teh. Baktos http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
