--- In [email protected], Yoga Rifai Hamzah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > nu jelas mah saruana kang, reaksi negatif sabagian > urang islam sababnamah kalayan sipat negatip urang > kulon keneh, ceuk abdi mah layanan we ngarah rame :), > dialog jalan jalan "lain" oge jalan. > > maklum wae lamun aya ekspressi sabagian urang nu > negatif sabab pangaweruhna karek sakitu (jiga abdi > meureun) >
Haturan Kang AG, Kang Yoga, Wilujeng tepang. Ke.. ke... maksudna sarua na teh lebah mana Kang? Cikan pangjelaskeun, ngarah kuring oge baraya sejen na teu salah harti. Lamun tea mah rek ngalayanan katun tea, naha lain dilayanan ko baceo atawa nyieun gambar deui da teu hese? Ari ieu hayoh ngadon ngahuruan milik batur? Malah mah geus loba pisan korban jiwa sagala? Lamun ngalayanan mah kudu saimbang ceuk kuring mah. Loba anu paroheun... apan ngaran na ge kartun bin karikatur, fantasi jeung imajinasi anu sok sindir sampir! Parodi jeung satiris sifat na! Ari ieu...puguh kawas budak leutik; lamun disebutan teh kalah nyabok! LAh, disebutan mah moal nepi ka bohak asana teh! Ceuk kuring ge mendingan nyengir we lah... atawa mun daek sebutan deui he he he. baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
