wah..wah, meni lengkap jeung mendetail pisannya katerangananan hehe...tiasa kitu urang muka konsultasi juring di ieu milis da loba pakarna yeuh...! abdi jadi inget baheula keur leutik sering ngadengekeun carita jurig di radio2 di Bandung nu make basa sunda, nya eta pikanyingsieunan keur budak leutik, trus bagong ngepet eta teh jadi carita berseri jeung paling favorit di radio eta teh hehe...eh bade nanya, eta radio Mara di Bandung teh masih mengudara? baheula kang Ibing nu sering nyiar di radio teh, lucu (apa sundanya?) pisan.
baktos deui, hilda ----- Original Message ----- From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, February 21, 2006 12:23 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: "Species" Jurig > --- In [email protected], "Hilda Rumambi" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > lamun pocong termasuk jurig nteu? jeung ieu deui babi ngepet hehe > > Teh Hilda, Pocong lebet kana spesies Ririwa, da pocong sok > digambarkeun jiga mayit nu dibulen ku boeh. Jurig pocong kungsi > ngaggeunjleungkeun di daerah Banyumas (purwokerto, cilacap, > Purbalingga) jeung Priangan wetan. Kajadian ieu teh acan lami, 5-6 > taun kapengker. Kuring boga kawawuhan nu nepi ka dipanjara gara-gara > jurig pocong ieu. Manehna teh urang Purbalingga, baheula kungsi > digawe ngilu jeung kuring, terus balik ka lemburna, di Purbalingga. > Cenah mah di lemburna teh manehna jadi katua para nonoman (pemuda) di > Desana. Waktu rumor jurig pocong, desa-desa di Banyumas, ngayakeun > ronda ngajaga desana. Hiji waktu, waktu si Giman (kawawuhan kuring > tea) keur sare, aya nu ngahudangkeun, jurig pocong teh aya > kukulamprengan di lembur. Si Giman ngorejat, gancang nyandak > paneunggeul, gidig rek newak jurig pocong. Bener we aya ....jurig teh > dibulen ku lawon bodas (boeh), teu antaparah deui, habek diteunggeul, > golepak weh jurig teh ngagoler .......kerejet ngaleupaskeun nyawa. > Boehna dibuka, disidik-sidik, geuning nu gelo nu sok kukulamprengan > di lembur si Giman. Dasar nu gelo, der deuih mamake dibubulen ku > boeh. Si Giman dihukum 2 taun panjara. Ayeuna mah geus kaluar. > > Babi Ngepet mah mah sanes basa sunda atuh Teh. Di Sunda mah namina > munjung ka Bagong (siluman Bagong) supaya tereh beunghar. Kapercayaan > ieu kaasup masih kuat di urang Sunda, lain wae dipelemburan, dalah di > kota oge kungsi aya rumor ieu. Kurang-leuwih 4 taun katukang, aya > rumor, cenah di daerah Mohamad Toha (Tegallega) Bdg, aya bagong > kajajaden beunang. Eta bagong teh kukulamprengan di gang-gang di jl. > Moh. Toha. Kapendak, teras digebug, bagong ngarumpuyuk, janggelek > jadi deui manusa, nu tatu parna kulantaran digebug. Terus digarotong > dibawa ka RSHS ( RS Hasan Sadikin/Rancabadak). Rumor ieu nyebar > kamana-mana, RSHS diserebu kunu hayang ningali jiga kumaha manusa nu > jadi bagong kajajaden teh! > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ > > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] > Yahoo! Groups Links > > > > > > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
