Sampurasun, Emut kana kasauran kang Rahman, yen urang teh gampil pisan ngajadikaeun naon bae ku Label Sunda, utamina kana hal-hal anu "berbau" tadisi...
Sim kuring teh gaduh patarosan anu tos lami dikemu, tapi asa hariwang (inggis) kangge ditaroskeun di ieu milis....; Tapi, sateuacanna mugi dihapunten, margi rumasa teu patos paham kana ieu perkara (matak ditaroskeun oge, informasina sapotong-sapotong)..... Perkawis anu seja di taroskeun teh nyaeta ngeunaan: "Kumaha sajarahna, antawis Msyarakat Trsdisi di Cigugur Kuninga anu disebat (Aliran) Madrais... naha leres eta teh tiasa disajajarkeun sareng masyarakat kampung tradisi sanesna...? Mugi patarosan ieu ulah dianggap sabage gugatan......ampun paralun sanes kitu... mung hoyong terang bae.... Ari margina mah, kantos sim kuring ngobrol (tos lami aya kana 5 taun kapengker) sareng sababaraha (teu sadayana) sesepuh "kampung tradisi", sapertos Naga, Cisolok, sareng Kampung Dukuh..... Waktor ditaroskeun..taya anu ngomentaran kalah mengparkeun kana obrolan anu senes..! Kumaha tah baraya? AG./bdg.... http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
