Kang RH, Hehehe, aya wae waleranana teh. Ngan jigana, pikeun ngajawab patarosan Kang RH, kedah nalungtik, kunaon suku-suku nu masih cicing di leuweung make cawet atawa koteka. Jeungna deui, upama orok barang brol tos make papakean lengkep, make jas, dasi, sapatu jeung helm, bakal leuwih seueur deui perkara nu baris lieur milarian jawabna. Karunya ka kaum wanoja, tada teuing ripuhna, ngaluarkeun orok anu tos make papaean lengkep. Barang rek borojol teh sapatuna ngait, kumaha ngaluarkeunana. Eta deuih, kedah aya di alam rahim kedah tos aya pabrik garmen sagala. Hehehe.
Atawa kulantaran "era mah produk budaya" tea, nu ngajadikeun papakean pikeun nutup orat, tiap bangsa beda-beda. Wallahualam. (mh) Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sesungguhnya, sejak awal penciptaan manusia perasaan risih dan malu jika aurat ternampakkan. >>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>> Baraya, Lamun enya kitu. Anu jadi kaheran kuring mah kieu. Naha ari orok lamun dilahirkeun TEU make calana atawa helm sakalian! Ku naon atuh titaranjang, lamun tea mah rasa era teh diciptakeun ti anggal na? Era mah, ceuk kuring, buatan manusa, hartina produk budaya. Maka na aya proses jeung beda dina ngapreasi rasa era tea. Kitu? Teuing ah.... baktos, Rahman ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] --------------------------------- Yahoo! Mail Bring photos to life! New PhotoMail makes sharing a breeze. [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
