Baraya,

Kamari waktu ngalongok lembur di Ciamis, kaparengkeun nganjang ka Ma
Iyem di Ciomas, 3 km ti Panjalu ka beulah wetan. Ma Iyem teh kuncen
kabuyutan Ciomas atawa Geger Omas di Desa Ciomas, Kacamatan Panjalu,
Kab. Ciamis (wetaneun Lengkong). Kromah anu aya didinya taya lian ti
Panghulu Gusti, manusa anu mimiti nyebarkeun agama Islam di wewengkon
eta. Saur sepuh mah, antawis salah saurang anu di Nusa Pakel (Situ
Lengkong) jeung anu di Geger Omas teh, ami nyoko kana babasan "Tilu
Sapamulu, Dua Salaksa, Nu hiji eta-eta keneh".

Waktu ditepungan, Ma Iyem nyarioskeun yen anjeunna tos lolos seleksi
kanggo calon anu nampi hadiah Kalapataru taun ieu (hadiah nasional
bidang lingkungan hirup), ngelehkeun puluhan calon sanesna. Jadi,
upama teu aya halangan, Ma Iyem teh salah sawios ti opatan urang Jabar
anu baris nampi pangleler hadiah Kalapataru taun ieu ti Pamarentah
Pusat (Presiden). Biasana mah bulan Juni eta pangleler dikukuhkeunana
teh di istana nagara, Jakarta.

Ma Iyem, tetela geus bisa ngagabungkeun antara neruskeun tatali
paranti adat kabiasaan budaya satenpat jeung ngokolakeun lingkungan.
Ngeunaan adat budayana nyaeta pancen jadi kuncen jeung pupuhu dina
upacara adat taunan di eta kabuyutan, nyaeta upacara Ngawit jeung
Nyepuh. Ieu teh dua tina 3 runtuyan upacara adat anu tiap taun
dilaksanakeun di wewengkon Panjalu-Ciomas, nyaeta:
Ngawit-Nyangku-Nyepuh.

Ari Ngawit eta bulan Safar katompernakeun di kabuyutan Ciomas. Nyangku
mah geus rada populer, dilkaksanakeun minggu akhir bulan Mulud di
kabuyutan Panjalu. Anapon Nyepuh, balik deui dilaksanakeun di Ciomas
unggal katompernakeun bulan Rewah. Jadi, tanggal 26 Maret 2006 anu
baris datang, baris aya upacara Ngawit di Ciomas.

Anapon leuweung anu diurus ku Ma Iyem jeung masyarakat desa Ciomas teu
aya lian ti makam atawa situs kabuyutan Panghulu Gusti atawa Geger
Omas di Desa Ciomas. Legana ieu leuweung anu tetep hejo ngarunggunuk
pikabetaheun aya kana 100 hektarna.

Wilujeng ka Ma Iyem anu tos jugala miara adat budaya jeung sarakanana.

baktos,
manAR


http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke