--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya, ieu editorial ti koran Media Indonesia dinten ieu,
> perkawis Indonesia nu pikasieuneun, komo panginten kanggo baraya
> anu ayeuna aya di Luar Negeri mah. Artikelna nyanggakeun!

> 
> Para elite bangsa sekarang tenggelam dalam keyakinan superkuat
> seakan-akan Indonesia begitu hebatnya sehingga tidak memerlukan
> lagi orang-orang di bagian dunia yang lain. Setiap hari kita
> memaki, mengecam, mengusir, dan merusak.

Baraya, Kang WLy,

Ehm... kumaha atuh nya. Ari taeun teh kawas nu heueuh bangsa urang
mah. Mun enya ngarasa HEBAT tea mah, cik atuh HUTANG anu salaput hulu
geura bayaran!!! Jeung tong wani2 nginjeum deui... nyangsarakeun rahayat.

Pan TEU perlu nu sejen lin?

Lamun industri luar negeri beak 'kapercayaanana', boa2 RI teh
kolaps!!! ALias almarhum! Jeung deui lamun ekspor rek ka mana atuh! Ka
Bulan?

Kang WLY, baheula kuring sok parajeuneun maw jeung nungtun pausahaan
NL anu boga minat invest di RI. Ku kuring sok dituyun jeung dibantuan
dina sagala hal na. 

Di ahir2 ieu, kuring sok mere saran sangkan ULAH (WAKA) inves di RI.
Lain teu nyaah ka bangsa sorangan, anu jadi masalah nya ieu pisan.
Omongan urang RI hese dicekel na! 

Apan lamun kuring mere laporan ALUS heg kanyataan na GORENG pisan,
apan ngaran kuring ge milu goreng! 

Ah teuing KAng, kuring mah sok KUKULUTUS sorangan we. Macaan nu kieu teh!

baktos,

Rahman 





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke