Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:.
pami enyamah definisi PSK teh nu sok nganggo pupur kandel, sareng sagala rupi tetek bengekna, angge raksukan kararetat, bari hareureut, ngirit bahan, teras wengi wengi nangtung sisi jalan ngantosan nu ngagaleuh anjeuna.., tapi kumaha sareng PSK nu raksukanana kawas wanoja eksekutif?, nu nganggo pupur biasa wae, heunteu ngantosan sisi jalan, tapi mung ngantos telepon wae, teras byur..angkat nganggo mobil mewah atanapi dijemput ku supir nu ngagaleuh anjeuna, taripna wah.. Haturan Teh Maria,

Enya kitu pisan Teh. Anu bisa dicirian ti luar mah, nya keukeuh awewe anu masakat tea. Da ngan eta wungkul modal na. Ana kitu mah siga nu borok dirorojok. Kudu na mah lain ditangkepan ku pulisi, terus di bui atawa didengda. Alusna mah BERE pagawean maneuh anu gajihna alus. Saha jalma na sih anu daek ngahihina maneh NGAJUAL DIRI?

Kuring pernah nempo film ngeunaan Iran pasca revolusi (karya urang Iran di panglumpatan!). Beu loba oge PSK na oge, alatan dibeulit kamiskinan. Pakean? Nya heueuh kabeh make jilbab! Anu pikagemeseun na teh, nempo aparat hukum anu mangpangmeungpeung deuih! Apan cenah pulisi moral, walah... anu katengkep teh bet diparake deuih! :((

baktos,

Rahman

           
---------------------------------
Blab-away for as little as 1ยข/min. Make  PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke