--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Duka kudu kumaha nya ngeunaan Batawi ieu... Sababaraha kali maca rujukan
> sajarah Batawi (nu online), para ahli sajarahna (model Ridwan Saidi
ieu) teh
> ngadadarkeun saolah2 Batawi teh hiji bangsa anu mandiri, teu aya
pakaitna
> jeung Sunda. Padahal, mun urang make conto anu gampang, ngaran2
urang Batawi
> loba nu sarua jeung urang Sunda. Atuh komo deui, misalna Sunda Kalapa,

Kang Kumi,

Puguh kuring ge RADA bingung mireungeuh ieu hal teh. Duka ti mana
mimitina, bet aya istilah ETNIS Betawi. Anu jadi kapanasaran teh naon
nya anu jadi acuanana? Naon kriteria na kana ieu istilah tea?

Ari keur kuring taya rasa beungbeurat rek ngaku etnis naon bae oge,
NGAN  panasaran we... siga aya upaya MOTONG kakulawargaan jeung etnis
Sunda. Apan jelas2 wilayah Ja(ya)karta atawa Kalapa teh (pernah)
kaasup wilayah SUnda.

Malah mun nengetan basa wewengkon Batawi ge, siga nu loba pacaruk
jeung basa Sunda!

Ah teuing ketah. Cik lah... ka anu ahli. Panglejaskeun atuh!

baktos,

Rahman





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke