<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari jeung saraba ti makassar sami teu nya?
Teh Hilda,
Beda atuh... komo jeung SURABI mah he he he! Ketah, loba kadaharan
jeung iinuman di Nusantara anu intina mah sarua, tapi beda ngaran
wungkul. Hilap deui teh, saraba teh saruana jeung bandrek atawa bajigur?
Jadi inget kana kekecapan kieu jaman keur budak: bandrek bajibur,
budak pendek gede bujur! Duka teuing naon maksud na teh he he he...
Teh NN,
Perkara ubi mah, aya sababaraha istilah dina BS teh. Bisa
ditarjamahkeun kana 'hui' (Puntan Kang ALdo, ejahanana kudu 'hui' lain
'huwi'). Ari hui tangkal mah sok oge disebut sampeu... bahan baku keur
peuyeum tea.
Aya deui hui boled, tah anu eta mah siga kentang... ngan panjang bin
lonjong. Di NL mah (hui) boled teh sok disebut 'kentang amis' (zoete
aardappels).
baktos,
Rahman
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
