--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Nia Dinata:
>
> Saat itu saya masih keukeuh dan keras kepala, hingga suatu hari ada
> kejadian menimpa seorang Filipina. Dia belanja di pasar dengan
> mengenakan baju panjang tunik setengah betis dengan sandal terbuka
> tanpa kaos kaki, dan tidak juga pakai celana panjang dalaman. Karena
> baru datang dan belum beradaptasi, tiba-tiba ada polisi yang
langsung
> memecut kakinya.

Wah .... cilaka lamun aturan ieu diturutan di lembur urang. Kabayang
we seueur istri sukuna ngagaralang tapak diteunggeul. Kuring kungsi
maca postingan ti Dr. Kartono Muhammad nu nyaritakeun pangalaman
manehna waktu naek pesawat ti Eropa ka Jeddah. Di jero pesawat teh,
panumpang awewena, saurang oge teu aya nu "sagala katutup", malah
nganggo pakean sarwa modist plus seksi. Ngan kira-kira satengah jam
deui turun di Jeddah, para panumpang awewe teh pahibut lalebet ka
toilet, ari kaluar deui, geus robah "penampilan", sadayana katutup
rapet. Kitu deui teh waktu manehna naek pesawat ti Jeddah, panumpang
awewe sadayana oge "dibarulen". Tapi acan oge sajam pesawat hiber,
eta awewe teh pahibut deui arasup ka toilet,  Kaluar ti toilet ...nu
mucunghul "bidadari" wungkul .....

Aya deui wartos anu aheng ti Arab Saudi teh. Kira-kira dua-tilu taun
kapengker, aya asrama awewe budak SMA nu sabaraha tingkat, kahuruan.
Pemadam kebakaran pahibut rek nulungan barudak rumaja ieu. Ngan
hanjakal Pulisi Syariah teu ngizinan, sabab barudak awewe ieu teh teu
marake baju lengkep, maklum nu kahuruan. Hasilna, leuwih ti sapuluh
urang kabeuleum hirup-hirup. Wartos ieu kantos nyebar di Internet,
sumberna lamun teu lepat mah ti situs Arab News.

Baktos,
WALUYA







http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke