>
> Ayeuna eta tarjamahan babasan teh, ku nu protesna sorangan sacara
teu langsung malah "dimasyarakatkeun". Najan dina kontek plesetan,
babasan "tertimpa ekor harimau" (katempuhan buntut maung), "kaget
setelah beristirahat" (kaget kareureuhnakeun), pikeun nu keur diajar
basa Sunda mah, boa-boa eta tarjamahan teh dianggap bener we. Hehehe.
> (mh)
Kang,
Kuring pernah mostingkeun panalungtikan ngeunaan kecap basa Inggris
anu beunghar kacida. Sabab input na lain ngan saukur masyarakat anu
basa indung na Inggris, tapi sakulibek dunya!
Tah, lebah dieu... mun dibandingkeun jeung basa indung urang. Jadi sok
asa ngalengis! Lain nambahan beunghar, malah mundur na ge lain
salengkah dua... teuing sabaraha!
Tong boro, erkara babasan jeung paribasa, dalah kekecapan umum nu
biasa ge geus ampir ditaringgalkeun. Kuring ge nya kitu deui, loba
kekecapan Sunda anu sapatut na dipake... bet paroho deui! Sedih puguh
Kang....! Sabab na? Input basa Sunda urang (dina hal ieu kuring)
kacida heureutna! Sok bae inget2... iraha urang maca buku basa Sunda
pangahirna? Lian ti hese teh nengan buku basa Sunda, bisa oge dianggap
EUWEUH! Oge media sejen na bisa dianggap enol, kaasup radio jeung
televisi anu make basa Sunda! Koran jeung majalah Sunda? Tara ieuh
dirareret! Gengsi mun maca basa Sunda?
Aneh puguh, da sabenerna mah pangsa pasar na kaitung gede ieu basa
Sunda teh! Tapi, taya saurang2 acan anu bisa ngamangpaatkeun ieu
pangsa? Sigana mah kudu make cara2 anu radikal pikeun
ngamasyarakatkeun (deui) media basa basa Sunda? Sok atuh, nyieun
Playboy versi SUnda! Rame meureun! ;))
baktos,
Rahman
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
