> dari....milis tatanggi.......punten teu di sundakeun
>
> Asosiasi Dokter Arab Gelar Acara: 900 Ribu Dolar dalam Dua Jam
Alhamdulillah, sok geura barantu urang Palestina ...euy. Moal enya
nagara-nagara Arab khususna nu lubak-libuk ku minyak, teu mantuan
urang Palestina nu rek bangkrut gara-gara bantuan ti Amerika jeung
Uni Eropa dikurangan . Ari urang Timteng nu sejen salila ieu mere
naon atuh, geuning Palestina teh hirupna ngagantung pisan kana
bantuan nagara Kulon????
Ceuk cenah, dijaman globalisasi mah, saha wae nu ngawasa informasi,
eta nu bakal meunang. Jadi informasi teh penting pisan. Kumargi kitu
informasi lamun perlu "direkayasa" heula. Informasi yen sabenerna
Palestina teh "hirup" ti bantuan urang Kulon, diurang mah jarang
pisan kadangu. Duka naon maksudna ngan maca posting fwd ti kang Soni,
kuring ngarasa aya deui informasi anu teu lengkep malah
rada "menyesatkan". Geura ieu aos :
"Palestina kini tengah menghadapi krisis ekonomi cukup parah setelah
kemenangan Hamas dalam Pemilu pada Maret lalu. Kemenangan itu yang
menyebabkan kegelisahan dan kegeraman Barat, hingga akhirnya mereka
memutuskan bantuan dana kepada pemerintah Palestina."
Padahal dina koran-koran diwartoskeun, urang Kulon (Amerika + Uni
Eropa) nyetop bantuan sanes pedah Hamas meunang Pemilu, tapi
kulanataran Hamas keukeuh peuteukeuh teu ngaku ayana nagara Israel
jeung teu ngaku kana perjanjian antara Palestina jeung Israel jaman
Yasser Arafat. Informasi ieu dibelokeun jadi Hamas meunang Pemilu,
AS jeung UE nyetop bantuan. Karunya ka urang Palestina, geus sangsara
dikakaya ku Israel, kasangsaraan maranehna oge dijieun komoditas
politik ku para politikus di nagara sejen nu ngamanfaatkeun keur
neangan dukungan supaya meunang kakawasaan di nagarana ..............
Baktos,
WALUYA
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
| Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
| Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
