Sim kuring gaduh rerencangan kuliah, malah nepi ka ayeuna ge masih kontak2. Manehna oge urang NII ayeuna masih aktip di NII na teh.
Leres cenah sapertos kitu pisan saur manehna kaayaan NII teh. aya faksi2 na kw1 nepi ka kw7, ari kw9 eta mah sempalan cenah teu puguh asal usulna. basa ku sim kuring ditannya kunaon teu kaluar wae ari nyaho kitu mah? Jawabanna teh kieu : "kuring mah sanajan ceuk batur sesat ge moal kaluar, lantaran rek ngomean di jero." Jadi manehna meunang pelajaran ti kasus mujahidin afganistan anu multi faksi ( aya hekmatyar...terus saha... deui hilap). Sanggeus para mujahidin meunang perang ngalawan soviet, maranehna malah perang antar faksi. Ayeuna Alhamdulillah cenah aya perbaikan, soal gampang ngafirkeun batur, soal maok barang batur jrrd, di faksi manehna mulai ditinggalkeun. Ayuena mah cenah teu jumud siga baheula, bacaan maranehna ti mana wae lain ti diktat buatan maranehna wungkul. Saeutik2 manehna jeung babaturan anu sa ide jeung manehna mulai mangaruhan faksi2 nu lianna. Hese cenah komunikasi antar faksi teh, maklum security tea cenah, bisi disusupi intel. oh enya, mulai heboh soal NII di kampus2 teh cenah mah mulai taun 80an. Kuring mah kuliah taun 90, meni rabeng jamaah2 di kampus teh, lain NII wungkul Wallohu alam leres henteuna mah wassalam AS ____________________________________________________________________________________ Cheap Talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates (http://voice.yahoo.com) http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
