Baraya,

Diskusi perkara Pura Siliwangi... baheula mentok. Euweuh nu
ngaladenan. Diuseupan mah diuseupan, ngan euweuh nyangggut. Ieu jejer
ditarik deui ka hareup... susuganan aya batur ngacapruk. 
Asa aneh mun maen badminton sosoranganan mah nya he he he....

Tah, Kang Asep kabeneran geus ngalongokan ieu pura; fotona jeung film
na ge hade.

Kuring kungsi maca tina fwd-an anu asup. Loba (?) urang Sunda anu teu
panuju kana ayana ieu pura tea. Poho deui naon argumen na, sugan aya
keneh anu arapaleun. Urang obrolkeun deui atuh?

baktos,

Rahman 


--- In [email protected], Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > falsafah kasundaan. Malah mah muka keneh kasempetan
> > yen naon anu dilakukeun
> > ku PS teh (PS ceuk mitos wae heula) tiasa paralel
> > sareng visi "rahmatan lil
> > 'alamin" anu cenah visi Islam tea. Saterusna ieu
> > makna teh diturunkeun jadi
> > program kagiatan sapopoe.
> >  Kusabab kitu, "mitos " PS ceuk kuring mah masih
> > relevan pikeun
> > digulang-gaper, diwacanakeun, dietangan makna anu
> > payus jeung alam
> > kaayeunakeun. Lamun US teu sanggup ngayakeun
> > revitalisasi kana "mitos" PS,
> > ulah kaget upama Pura Hindu atas nama PS -atawa
> > malah gareja atas nama PS
> > oge- kahareup baris mahabu.
> 
> Haturan Kang Manar,
> 
> Lamun kuring kabeneran macaan sagala rupa tulisan
> atawa komentar ngeunaan Prabu Siliwangi (PS), kuring
> sok ngarasa heran. Loba pisan jalma anu rek
> NGSILAMKEUN PS, kucara2 nyieun paralel 'ajaran'atawa
> tatacara hirup PS jeung Islam.
> 
> Kuring teu terang naon maksudna. Ngan anu jelas ieu
> trend teh natrat pisan. Apan geus puguh PS teh Hindu,
> nagarana runtag ku Islam... ari ieu pek diislamkeun he
> he he. Malah mah kungsi maca aya teori anu mertelakeun
> Islamna PS he he he. Heueuh ketah kueun bae, da
> ngarana ge teori.
> 
> Ku naon bet siga kieu nya? Aya nu uninga?
> 
> 
> Baktos,
> 
> Rahman, Wassenaar/NL
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
> http://mail.yahoo.com
>


Kirim email ke