Hihihi Teh Nenen leres abdi mah resep pisan banyol komo deui lamun geus 
wanoh... pas basa abdi pendak sareng Chief Security Asia Pacific ti US Gov 
manehna mani nyeukeukeuk seuri ngobrol jeung abdi hehehe ;). Tos janten SOP 
abdi lamun papendak sareng bule pasti weh ngenalkeun teh Hi ... my name is Asep 
... mean handsome Sir bari imut ngagelenyu tring hehehe ;)... Oh my name 
Christoper ceunah and I'm handsome too, see ceunah bari seuri hehehe. Pan ceuk 
axe oge kesan pertama begitu menggoda berikutnya terserah anda ;). Da eta emang 
dina communication practice teh first impression teh penting pisan :).

SOP perkenalan abdi eta teh nyambung sareng pertanyaan Teteh leres kitu lalaki 
sunda resep nyandung ;)... tah lamun nilik-2 sajarah sareng oge pangalaman abdi 
sareng kulawarga abdi mah asaan mah urang sunda mah teu resep nyandung teh... 
tah urang sunda anu tos bermutasi janten kiai atawa ajengan biasana nu sok 
resep nyandung ;). Tah tapi pada umumnya orang sunda teh resep pisan banyol 
jeung cunihin ;)... ceuk Kang Doel Soembang oge lamun lalaki teu cunihin namina 
kuper. Tah malahan mah ceuk Chairman-na Geng Cunihin... cunihin teh is a 
must!... cunihin teh kudu di piara ;)... soalna eta tiasa manjangkeun 
babarayaan. Tah definisi Cunihin ceuk abdi mah istilahna teh heureuy... kitu 
sok resep ocon lah... da eta tina karuhun na oge Urang Sunda mah leuwih 
ngahargaan pisan ka Indung atawa ka awewe teh... tah salah sahiji bentuk 
ngahargaan awewe eta biasana sok ngoconan atawa ngaheureuyan jrrd... anu intina 
mah keur ngabagjakeun eta awewe ... da ceunah mah awewe teh resep pisan di 
oconan jeung perlu perlindungan tea... boh eta mah jadi tempat curhat, jrrd... 
istilahna mah ... I need a shoulder to cry on ceunah hehehe. Ngan bentena upami 
cunihin mah mung sabatas sosialiasi hubungan babaturan teu dugi ka tingkatan 
nyandung. 

Pangalaman abdi waktos kuliah kapungkur abdi seueur pisan rerencangan pameget 
tapi Istri langkung seueur hehehe ;). Gareulis deuih... padahal mah da ari 
pameunteu mah di bandingkeun sareng brad pit teh nya teu mirip-2 teuing ngan 
langkung kasep sakedik hehehe ;). Punten ah ieu yeuuuh salah sahiji bentuk 
kecunihinan teh hehehe ;). Tah kulantaran cunihin ieu yeuh biasana urang sunda 
mah luwes gampil bersosialisasi sareng level mana wae. Kumargi kitu cocok pisan 
tah lamun urang sunda di posisikeun janten Public Relation, Promotion Officer, 
Corporate Communication Manager, jrrd.

Janten ari menurut pamendak abdi mah lalaki sunda resep nyandung itu tidak 
betul... sejarah juga membuktikan upami teu lepat mah Eyang Guru Perbu Aji 
Putih wae istrina ngan hiji Ratna Inten Nawang Wulan, Eyang Perbu Lembu Agung 
Raja Tembong Agung oge oge istrina ngan hiji Laela Sari tea ;).

Kulawarga abdi boh ti istri oge ti abdi nyalira teu aya anu nyandung, di 
kampung abdi mah anu nyandung teh ngan ulama jeung kiai ;). Malahan mah di 
kulawarga abdi mah papatah kolot anu utami teh... kade ceunah ulah nganyerikeun 
hate pamajikan. Lamun maneh nganyerikeun hate pamajikan walopun maneh geus boga 
jabatan luhur atawa kakayaan nepika boga duit sagede panto... pasti weh lila-2 
bakal beak. 

Salam,
Asep


  ----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, December 09, 2006 7:44 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - Center of 
The Universe


  kang Asep, kabayang Lonta rasana mani raos panginteun... 
  Kang Asep mah sigana seneng humor, gampil seuri... katingali milis ti
  kang Asep mah pinuh ku seuri he..he..he.. Abdi oge jadi ngiring seuri
  ha..ha..ha.. leres maca milis kang Asep, tara kaliwat seuri he..he..he.. 

  Bisi teu sapaham oge sareng anu sanes-na kang Asep mah tetep seuri
  ha..ha..ha.. Abdi ayeuna oge ngepostkeun milis bari seuri. 
  Punteun ah... abdi mah sami nuju ngabodor .........

  Kang Asep, kumaha tah aya pertanyaan ti teh Aryani "Naha leres lalaki
  Sunda seneng nyandung?"

  Abdi oge mireng, saurna teh lalaki Sunda beukian kawin deui, kumaha
  tah jawaban-na.

  Ngan punteun ulah dihubungkeun jeung agama, terus terang abdi mah alim
  ngabahas agama, soalna matak jadi musuh. Ari prinsip abdi mah
  menghargai ke semua penganut agama yang ada dibumi ini, bahkan kepada
  yang Atheis pun. 

  Baktos,
  Nn



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke