Kang Wly,

Oge ceuk cenah, perkara tubrukan di ieu jagad mah geus biasa. Cincin
Saturnus ge apan eta teh hasil tubrukan. Aya meteorit badag nubruk
saturnus... terus hasil tubrukanana jadi cingcin tea. Bukti ieu pernah
aya, poros saturnus anu asalna 'luhur-handap' apan jadi kenca-katuhu.

Jadi mikiran dongeng urang Sunda perkara nini Anteh tea. Cenah mah
cicing di bulan. Mun nengetan astronomi jeung dipapantes asa aya enya
na oge. 

Sabab ceuk astronomi mah, bulan ge apan sesa ti planet bumi. Waktu
planet bumi masih keneh ngora, aya meteorin badag sagede planet Mars
ayeuna ngadagor planet bumi. Kabayang meureun... ku sabab badag,
planet bumi anu masih keneh hipu teh sompal. Tah eta sesa tubrukan teh
milu muter jeung orbit, anu ahirna ngagumpal jadi BULAN.

Paingan di sebut NINI ku urang SUnda, da memang kusabab umurna geus
kolot kitu? Jeung deui... pan asal na ge bagean ti palnet bumi?

Ah teuing... ngacapruk ngaran na ge! ;))

baktos,

Rahman


--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
> > Cassini melihat bahwa puncak pegunungan itu ditutupi lapisan putih
> > terang. Dugaan sementara, lapisan tersebut adalah endapan metana atau
> > material organik lain.
> 
> Walah, di Titan aya material organik? ...hartina mungkin aya 
> kahirupan?. Mudah2an we enya, makhluk hirup di dunya, "teu tiiseun 
> teuing", boga "batur" di Titan. Tapi lamun teu salah mah, Titan teh 
> kungsi katubruk ku komet. Hiji kajadian nu kasaksian ku jelema, aya 
> benda langit ditubruk benda langit deui. Bumi oge sabenerna henteu 
> aman, bisa ditabrak ku benda langit sejenna. Cenah punahna Dinosaurus 
> teh akibat aya komet nabrak bumi, di Teluk Mexico, tepi ka ngarubah 
> cuaca di bumi. Sang Dino teu bisa nyaluyukeun diri kana lingkungan nu 
> rubah. Akhirna punah ....
> 
> Ceuk cenah, kuring oge ...hehehehe
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke