--- In [email protected], "Aasep Tea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sae pisan ulasana Kang RH, > Di kampung abdi aya istilah "teu meunang naek haji" saparantos ku > abdi ditaroskeun ka mama kuwu naha kunaon bet teu meunang naek haji?
Kang Asep, Mama Kuwu teh meureun resep faham Sufi ...hehehehe. Sufiismeu di Islam ceuk cenah tumuwuh di kalangan kaum Syiah atawa nu deukeut-deukeut jeung eta. Nu matak baheula kaum Sufi subur di Baghdad. Di Bagdhad di abad ka 10, geus aya universitas. Kaum cendikiawan numpuk didinya. Nu disebut kabudayaan Islam maju teh nya di Bagdhad. Dongeng ABu Nawas, Nasredin Hoja, 1001 peuting jrrd asalna Bagdhad ..... Tapi kaum sufi/cendikiawan ieu teu dipikaresep ku kaum Sunni nu puritan, komo ku faham Salafi/Wahabi mah. Di urang cenah sufiismeu teh dibawa ku Syeh Siti Jenar, nu dina mitologi, cenah dihukum pati ku para Wali, kulantaran nganjarkeun intina Islam. Kunaon teu meunang diajarkeun? nya duka teuing atuh .... Kuring sakapeung resep macaan buku Sufi, tapi sakapeung sok lieur ....maklum meureun didinya intina. Soal Haji aya dongeng nu sok sering dicaritakeun ku nu resep Sufi, nyaeta TUKANG SAPATU TI BAGHDAD. Kacaritakeun di Bagdhad aya tukang sapatu, hayang pisan ka Tanah Suci. Manehna nabung, saeutik-saeutik, mangtaun-taun, maklum tukang sapatu, panghasilnana teu sabaraha. Waktu duitna geus ngumpul, kacida manehna atohna, terus nyieun janji jeung babaturanana, kumpul di hiji tempat, rek bareng indit munggah Haji. Tapi ku hanteu, tatangga tukang sapatu meunang katunggaraan, butuh duit, poho deui eukeur naonna mah, ngan nu jelas tulunganeun. Si tukang Sapatu, bimbang, hayang nulungan tatanggana. Rasa kamanusaanana kageuing, akhirna ...bro weh duit keur waragad naek haji teh dibikeun ka tatanggana, teu jadi munggah Hajina. Manehna teu datang ka tempat nu dijanjikeun jeung babaturanana. Musim Haji geus lekasan, si Tukang Sapatu kadatangan babaturanana nu tas munggah Haji. Babaturanana ngomong mani reang:" Na ari anjeun, cenah rek bareng indit munggah Haji teh, ari ieu indit sosorangan wae!" "Har .... kuring mah teu jadi munggah Hajina oge!", ceuk si Tukang Sapatu teh, heran. "Ah entong bohong, kaciri pisan ku sarerea oge anjeun teh aya diditu. Ngan waktu disampeurkeun rek ditanya, kereles ngaleungit, teu kaciri, ngahiji jeung nu ngagimbung. Sabararaha kali anjeun kapergo aya diditu!" Tukang sapatu teh beuki ngahuleng ...... Baktos, WALUYA
