Kang Rahman, Sumuhun eta ge sae kitu di paksa supados nganggo bahasa sunda ngan nyaeta anu namina kapaksa teh sok kumaha kitu hehehe :D.
Tah abdi mah langkung resep upami koncina anu ku akang ditulis dihandap RESEP alias suka alias love meureunya... tah ieu tangtuna metoda na seueur salah sahijina media oge kudu heboh bin rame kitu :D. Teras oge konsep berfikirna oge ulah hoyong ngalestarikeun soalna budaya/ bahasa moal aya anu lestari / abadi kumargi sifatna dinamis (adaptasi, asimilasi, jrrd) tah cara anu tepat numutkeun pamendak abdi mah dikembangkeun :D. Tah misalna ayeuna barudak ngora resepna R N B tah kedahna musisi sunda oge tiasa nga mix sareng eta R N B supados gaul amun tiasa mah malahan langkung punjul hehehe :). Tah pamarentah saleresna tiasa nga-akomodasi misalna ngadamel Lomba Karya Cipta Lagu RNB berbahasa Sunda atanapi mix with sundanese gamelan kitu jrrd. Misal oge ayeuna barudax ngora resep breakdance... tah pamarentah tiasa ngadamel sayembara lomba creative sundanese breakdance ... nga-breakthrough ngadamel jrrd. Misalna ayeuna usum Rap tah jieun sayembara Rap Eminem berbahasa Sunda tinu music ala sunda kitu :)... janten barudax ngora teh janten raresep ka kasundaan anu tungtungna engkena bakal timbul kareueus :). Tah tim promosi ieu kedah sumanget promosi event-2 eta, malahan mah mun tiasa contact-2 weh tah para artist kelas dunia cuek weh... :). Ceunah pamarentah teu gaduheun dana keur nu kara rieu... tiasa wae pan milarian sponsor boh ti domestic atanapi international, PBB jeung sajabana. Atawa ka international foundation atawa ka Culture Development Center nagara batur ;). Termasuk misalna baju khas sunda ...tah damelkeun sayembara international east meet west... Sundanese atanapi event-2 anu spectacular kitu heuheuheu. Tah saleresna eta event-2 teh tiasa janten $$$ upami digarap secara serius mah ;). Mang Koko atanapi Nano S hilap? ku walikota hiroshima dititah ngadamel lagu kebangsaan kota-na hehehe... berarti pan urang sunda teh canggih kitu ;). Salam, Asep ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Friday, December 15, 2006 3:54 PM Subject: [Baraya_Sunda] Re: Susundaan? KAng Asep, Masalah anu paling 'mendasar'keur basa Sunda mah... lantaran ieu basa geus teu/kurang dipirosea ku urang Sunda na sorangan. Tong ngaharepkeun batur hayang diajar BS, dalah urang SUndana ge leuwih RESEP make basa batur. Alesan ekonomi, bisa oge dijadikeun dadasar. Urang Sunda embung make BS lantara sacara IPOLEKSOSBUD BS teh euweuh hartina. Conto anu pangjelasna mah, aya sabarah juta urang SUnda? Terus bandingkeun... aya sabaraha media anu make BS? Aya 16 juta urang NL, mediana? Teu kaitung! Ceuk kuring mah, salah sahiji tarekah sangkan BS bisa nanjeur (deui), BS kudu diformalisasikeun deui. Misalna DPRD wajib make BS disagigireun BI, produk2 hukum wajib diBSkeun. Ku kituna, harkat jeung darajat BS milu naek. Basa teh pakuat pakait jeung imago! Jadi... tong neumbleuhkeun teuing ka nu make. Kudu aya gerakan politik anu bisa memener imago ieu basa. baktos, Rahman . [Non-text portions of this message have been removed]
