Baraya, Wilujeng Taun enggal 2007. Kuring mah pas ganti taun teh, kapegat macet di jalan layang Paspati Bandung, tas mulang ti Sukabumi. Nya lumayan oge, bisa nonton pesta kembang api di deukeut tempat nyeungeutna (Gasibu). Umur-umuran kakara malem taun baru aya di luar imah, da biasana mah tara, cicing we di imah. Ari lalajo kembang api, cukup we naek kana suhunan imah jeung barudak, nempokeun kembang api tingbaranyay di langit.
Jalan layang paspati, nu sapopoena mah tara aya nu kukulamprengan didinya, pinuh ke jelema, mani dedet. Ditambahan deuih ku motor mani pabeulit, mobil ngan bisa sajalur, nu biasana dua jalur teh. Pas ganti taun, ceuli asa torek ku sora tarompet kertas, tingbeletukna sora kembang api. Barudak rumaja/tanggung maruka baju, sakitu tirisna teh, terus gogorowokan bari ajrag-ajragan, motor digerung- gerung. Hariwang jadina teh, maklum baheula kungsi kajadian mobil batur kuring peupeus kacana, ditakol ku beusi, kunu pesta kaleuleuwihi. Tapi Alhamdulillah, aman. Si cikal nu nyupiran oge, ngarti, manehna oge haroreameun nyupiran kudu asrod-asrodan kitu, mobil teu diteruskeun nuju ka gasibu, nu sabenerna mah jalan pangdeukeutna nuju ka imah kuring, tapi mengkol, turun ka jalan Tamansari. Plong weh jalan teh ngemplong. Karamean museur di Gasibu jeung sabudereunana kaasup jalan Dago. Tepi ka imah jam setengah dua peuting ... Baktos, WALUYA (Sakalian nyoba posting, da cenah internet geus pulih 80-90%) >--- In [email protected], "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Teras kang Waluya di Bandung, aya pesta ngulilingan kota panginteun, > hujan-hujan oge diterjang he..he..he.. ?
