Matak sadayana ge bakal teu beres ari korupsi masih keneh terus mah..
persaingan perusahaan nu teu sehat, antukna masyarakat nu janten korban.

  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, January 03, 2007 10:18 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Loba kacilakaan ....


  Baraya,

  Cikan aya nu terang, kumaha nya di nagara urang bet loba pisan
  'kacilakaan'teh?

  Faktor nanahaon bae anu jadi sabab bin musabab lobana kacilakaan tea?
  Da ieu mah... ngan gelutk jeung geletuk deui bae cilaka teh. 

  Anu jadi pamikiran kuring mah, sigana teh bangsa urang mah kurang
  ngahargaan NYAWA manusa. Jeung sigana teh TEU BISA ngitung kamapuh
  kitu. Nyaho kapasitas kapal teh MAKSIMAL (misalna ieu mah) 600 jelema,
  pan di urang mah kadangkala angka 600 teha jadi 6000! Nya tamaha atuh
  matak loba kacilakaan oge.

  Lian ti kitu, ngitung kamampuh mesin disaluyukeun jeung tangtangan
  alam anu beurat. Manajemen transportasi anu siga na teh sakadekna?

  Teuing... ieu mah sakadar pamikiran wungkul. Buktina mah kudu
  disaliksik heula. Mun bisa mah aya nu bisa ngabuktikeun sabalikna tina
  panyangka kuring. Genah meureun! Ngan orokaya, loba kacilakaan teh
  meureun jadi salahsahiji bukti hengkerna bangsa urang? Teuing ketah!

  baktos,

  Rahman




   


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke