> Kabayang babaturan eta... ngadadak manehna jadi religius pisan heuheuheu... janten lamun Neng Titi Kamal mah mendadak dangdut di garut hehehe... tah babaturan mah mendadak religius di Lion Air kitu heuheuheu. >
Kang, Walah... nepi ka kitu na eta teh? Kabina2 teuing... ngahemat teh kalah ngahemat kasalametan? Kumaha mikirnya nya, pan harga pesawat teh mahal kacida. Mun hiji kacilakaan lain untung... RUGI!!! Kunaon bet salah kaprah kitu nya? Teu diitung pinutungeun jeung pirugieunana kitu? Ongkoh bisnis... Ah, teu ngarti. Sababaraha waktu ka tukang kuring indit ka Spanyol make pesawat charter Transavia. Ngarah tiket murah, di pesawat panumpang teu diladenan ku pramugara/i dina urusan susuguh. Mun hanyang nginum atawa lapar, bisa oge mesen, tapi teu gratis. Tah, batur mah ngahemat teh tina service, lain tina safety. Kabuktian waktu rek balik deui ka NL, pesawat anu ngajemput telat 2 jam. LAin ku nanaon, barang geus nepi ka Paris, pilotna nempo salah sahiji meter anu teu jalan. Padahal mah tinggal saeutik deui nepi ka tujuan teh. Pesawat diputerkeun deui, balik ka Amsterdam. Meter na diganti heula di A'dam! Sigana mah embung narima resiko cilaka kitu? Kumaha ari kontrol kaamanan penerbangan di urang nya? Longgar... sigana mah? baktos, Rahman
