bisa jadi sasakalana jiga kieu: 1. kecap 'rugul' keuna ku pangaruh anasir nasalisasi, salin rupa jadi 'Mugul' 2. terus manehna ngalaman jamakisasi, malih warna jadi 'mURugul'
Jadi formulana meureun kieu: rugul --> Mugul --> mURugul kecap 'murugul', bisa pikeun nerangkeun PROSES tangkal nu daunna nungtut ragragan. jiga dina kalimah kieu: tangkal kai teh daunna MURUGUL keuna ku hama. maksudna eta tangkal kai teh, daunna nungtut ragragan, tapi can kabeh daunna marurag. ari kecap 'rugul', leuwih ngagambarkeun KAAYAAN tangkal nu daunna geus ragragan. jiga kalimah nu ti heula: tangkal sampeu teh daunna RUGUL, beak dihakan embe. salain ti kecap 'rugul', di wewengkon daerah tadi, aya kecap sejen nu saharti, nyaeta 'rigil'. ngan nu ieu mah can kawenehan ngadenge jadi 'meregel'. (mh) On 1/9/07, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > awalan 'mu'? atawa 'murugul' geus salin rupan jadi kecap dasar anayar. > > > > loba kecap nu wandana jiga kieu teh. enya aya pakaitna ajeung > leupas. geura > > toong tah: murubut, morobot, > > merejel, morojol, jeung sajabana. > > > > Kang MH, > > Dina BS mah taya awalan mu-, tapi aya oge sistem/parabot nasalisasi > jang nyieun kecap pagawean. > > budal ----> mudal > borojol---> morojol > > pasang---> masang > beunang--> meunang > > Ceuk Kang Kumi, ieu kecap teh kecap asal? Kuring mah kurang satuju. > Sabab mun ningali konteks na anu aya, ieu kecap teh (dianggap) kecap > pagawean. Duka teuing mun aya bukti sejen mah. > > Lian ti kitu, mun ningali hartina, aya unsur loba(jamak). Eta teh dina > BS mah jadi ciciren yen ieu kecap make proses penjamakan make sisipan > -ar-. Saperti: budak---> bARudak. > > Jadi ieu ge bukti kecap jijieunan. > > Mun aya teori nu sejen, sok angsrodkeun. Resep euy! > > baktos, > > Rahman > > [Non-text portions of this message have been removed]