Sok ras emut basa kapungkur basa linggih di Jakarta, da atuh unggal naek beus, 
boh PPD AC, metromini, mikrolet, komo mayasari mah, hate teh dag dig dug we, 
sieun mendakan jelema jahat, kantos sakali diasongan peso kana patuangan abdi 
basa naek mikrolet ka Bekasikeun soalna, Tos puguh ningali nu nuju diancem boh 
ku tukang baramaen, boh ku tukang dagang, boh ku nu menta2 bari maksa. Ngaraos 
rada aman di Jakarta mah, pami tos aya dina beus Kramatdjati jurusan UKI-Bogor, 
tah karek we ngaraos rada tenang. Kabeh dieunakeun saatosna aya Busway rada 
lumayan tah.., tapi da teu kaanggo ku abdimah Busway teh, sanaos damel di 
daerah Sudirman ge, mung rada lumayan dina jambatan penyebranganana, rada aman.
Matak rada bungah oge tiasa leupas ti Kota Jakarta teh, eta ku teu ngaraos 
amanna, dimamana.., ngan kasieunan wae.

Baktos,
Maria

Kang Surtiwa nyerat :

Leres..tepat...right on the money...kang Asep.
pangalaman abdi di pasar Kuweh di Blok M jkarta, pasar
subuh. jam 5 enjing2 pasar Kuweh teh tos buka..seueuer
Ibu2 jagjag waringkas..pasedek2 sareng anu
ngagaleuh...baramaen rada keukeuh/maksa. pernah pun
bojo saking keuheul...nyeletuk " Aeh sehat jeung seger
kok ngemis" teu dinyana..eta awewe teh terus ngadesek
pun bojo bari nyorongot pokna " klau memang sehat mau
apa ?...mau apa/......", terus nguntit pun bojo
kamamana..bari rada neror..." Terus Bu gimana..kalau
saya sehat ? Gimana bu ? ". Tungtungna..abdi jeung pun
bojo balik..mbung ribut.teu hasil balanja kuweh
komplit. Sigana eta baramaen teh tos dilatih keur "
fight back". Kitunya....


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke