Caritanamah panjang.., nu pasti abdi mendak sareng si akang teras akhirna 
dicandak kadieu, da teu tiasa hirup diditu si akangna, eta pangpangnamah mun 
diditu bade didamel naon? teu aya pacabakanana, da sanes expat, pagawe negri 
sami kawas salira didieuna, janten kapaksa abdi ngelehan ngiring kadieu, ongkoh 
aya saena oge.., abdi janten gaduh pangalaman hirup di nagara deungeun. Teu 
acan lami didieuna ge nembe bade 2 taunan, matak tacan patos sono2 teuing ka 
lembur.., ongkoh di milis ieu ge pan tos asa di lembur sanes?
Urang sunda aya sababaraha didieu, tapi teu seueur. Tah nu pang lamina linggih 
di luar nagreg mah.., gegedugna ieu milis.., Kang Rahman..hehehe...di Walanda.

Mudah2an budak abdi mah ke tiasa basa indo, oge basa sunda, ngan rada hese 
siganamah ngajar basa sunda teh, da eta geuning dulur2 misanna oge geuning enya 
ge aya nu caricing di Sukabumi, eh.., nyariosna melayu we geunig.., budakteh 
teu tiasaeun nyarios sunda. Ari indung abdi kapungkur mimiti ka sukabumi mah 
teu tiasaeun sunda, nyarios teh sok basa melayu wae.., tapi murangkalihnamah 
tibalik kalahkah nyararios sunda, malihan dugi ka ayeuna, pun biang mah janten 
nyarios basa sunda we di bumi teh.., tos pinter ayeunamah, ngan nyakitu tea 
logatnamah rada sesah icalna.

Uih ka lembur mah duka iraha.., ke kedah ngumpulkeun artos heula..

Baktos,
maria


Kang Rus nyerat :

Tapina asa ku hookeun ka si ceuceu eta bisa ngacleng ka ditu kumaha 
lalakonan ? ari diditu aya urang sunda ? ari budak diajar basa 
sunda ? ku resepnya ngobrol ari gok teh jeng urang jauh.

Abdi kawit mah ti jonggol cakeut taman buah mekarsari teh ! caritana 
mah blasteran da indung mah urang mata sipit (Chinese) ari pun bapa 
urang jonggol-bogor . janten upami pendak atanapi ngobrol seueur nu 
teu percanten yen abdi urang sunda , da rada sipit. ari kulit saur 
pun biang kapungkur mah bodas jeng pikalucueun, seueur nu nyiwit, nu 
ngagandong janten kokod monongeun. 

Iraha aya rencana Uih ka Lembur teh ? tos sabaraha taun 
disebrang ? teu sono kitu ka lembur ? tuang sareng lauk asin jambal 
roti, pais lauk emas ,lalab peuteuy jeng jengkol ngora, sambel 
tarasi tuangna sisi sawah. emh... meureun matak nambah . hajeung 
mitoha liwat tukangeun da moal katingali. ( Mun hareupeun liwatna 
nya katingali he..he..)


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke