Leres...lempeng pisan eta...minggu pengker abdi kaondangan..cenah adat Sunda (sigana mah modern)..ningali among tamuna..leres samping garutan...Beskap model Aom Sunda...kitudeui bendo...ari ningali eta palebah sanjatana..naha model Keris Jawa...sareng nganggo sarangka model sarangka Pestol (Holster). Teras dianggona oge handap bujal..leres siga Koboi...gagah..tapi Sunda timana tah ? Abdi teu acan ningali among tamu anu sanjatana teh Kujang....Di Punvak di Ancol barang kaseinian Sunda teh bet Samurai..Bedog Cina....jrrd
--- Tata Mustasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nepangkeun ka sadayana, sim kuring Tata Mustasya, > nembe subscribe dua dinten kamari. Bingah pisan aya > milis urang Sunda, terang pedah tulisan abdi di > Kompas "Ilusi tentang Pemerintah" di-post ku Kang > Rahman di milis baraya_sunda. > > Hehehe...langsung ngiringan diskusi we yeuh. Ku > naon Budaya Sunda kasisihkeun? Sim kuring mah > ningalina simple pisan: Urang Sunda nu tiasa maju > (secara ekonomi, intelektual) masih minim. Padahal > "ketahanan budaya" teh sigana mah turunan tina > "kemenangan persaingan ekonomi" > > Contona, tuangeun ti nagara Barat geuning beuki > dominan di nagara urang. Kumaha masa depan jengkol, > peuteuy, leunca 15 tahun deui? :-) Kitu deui > tuangeun Korea, Jepang dsb malah mulai ngarambah > Amerika sagala. Kumargi, Jepang, China sareung Korea > tos nyajajarkeun diri secara ekonomi sareng > nagara-nagara nu lami tos maju. Conto sanes, film2 > Hollywood teh pan mangaruhan pisan gaya hidup > penontonna. > > Teu heran budaya Jawa tiasa kuat di Indonesia > margi aranjeuna nu nuju nyepeng politik-ekonomi > Indonesia. Pan di Jakarta pami panggilan nu azim teh > "mas/mbak" sanes "akang/aa/teteh". Untung wae ayeuna > mulai seueur "aa" nu bermunculan kalebet Aa Gym, Aa > Hadi, sareng Aa Gatot... > > Tos heula ah... > > Salam, > Tata > > > Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > --- In [email protected], > "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Jadi, kuring satuju jeung kalimah kang Encep > Dulwahab dihandap ieu : > > "Kalau dicermati, orang Sunda itu lemah dalam hal > penguatan diri. > Sementara > > di sisi lain kuat dalam akulturasi. Ketika melihat > budaya lain hebat, > > langsung diadopsi dan melekat tanpa memperkuat > budaya yang pernah > > didapatkannya, seperti bahasa, pakaian, dan > model." > > > > Urang Sunda teh memang gampang pisan tura-tiru, > nurutan batur .... > > > > Kang Wly, > > Naon hartina kecap 'ngarunjat'nya? Asa kakara > manggihan ieu kecap. > > Budaya Sunda budaya BEO? Mun ditilik2 mah siga enya > kitu. Budaya Sunda > lain budaya NYIPTA tapi budaya nuturkeun batur... > ngabebek tea? Terus > terang... kuring rada bingung mun ditanya mana > budaya Sunda PITUIN? Da > hese atuh ngajawabna ge, sabab pangaruh luar kacida > bedas na. > > Anu aneh deuih... urang mah sok REWOG pisan narima > pangaruh batur. > Sigana teh budaya Sunda mah teu boaeun filter. > > Salah sahiji conto unsur budaya anu kuat pangaruhna > dina budaya Sunda > teh agama jeung kapercayaan. Pan geuning aya kasus > agama Sunda wiwitan > (teuing pituin henteu na mah!) mani dikekesek kitu. > Didiskriminasi ku > kapercayaan anu anyar datang ti luar. Padahal eta > kapercayaan teh mun > ditilik2 mah leuwih lila di Sunda! > > Dina segi basa... undak-usuk basa anu asalna Jawa ge > mani nambleg > pisan pangaruhna. > > Budaya Sunda resep NGIBLAT ka budaya sejen? Hayu > babarengan urang > teangan jawab na.... > > baktos, > > Rahman > > > > > > > --------------------------------- > We won't tell. Get more on shows you hate to love > (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures > list. > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________________________________________ TV dinner still cooling? Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV. http://tv.yahoo.com/
