> From: "Muchamad Iman Karmawijaya" <[EMAIL PROTECTED]> > Kumaha atuh urang sunda teh elehan wae? > Maenya atuh wakil rakyat sunda teh lolobana lain urang > sunda? > Lamun eweuh parubahan bisa2 nasibna bakal siga urang > betawi. > Urang sunda teh kudu kompak atuh.
Sigana mah Kang, kulantaran urang Sunda mah kurang bisa hahaok, nyarios capetang kaditu-kadieu. Beda jeung etnik sejen, nu palalinter nyarios. Tapi sanes hartosna urang sunda teu gede kawani, teu wani gelut, da buktosna tantara ti etnik Sunda kasohor kawanina bari kasohor paling HANDAP ASOR, bisa meuli hate padumuk dimana tantara Sunda operasi. Handap Asor? tah ieu masalahna, urang Sunda tileuleutik dididik kudu handap asor, teu meunang peupeuleukeuk. Jalma nu sok ti peupeuleukeuk, di masyarakat Sunda kurang dihargaan. Kolot urang ngajarkeun ulah ti peupeuleukeuk, kudu ngelehan. Ieu teu masalah waktu jaman baheula, jaman Tatar Sunda can jadi tempat kaum migran, sabab budayana masih homogen. Tapi ayeuna sanggeus Tatar Sunda jadi tujuan kaum migran, sifat handap asor, kudu ngelehan, teu pati cocog sabab kaum migran boga budaya/kabiasaan beda. Patorong-torong, paloba-loba omong keur urang sabrang hal nu biasa, lain sifat goreng, padahal keur budaya sunda mah, sikep kieu teh teu pati dipikaresep, sabab nandakeun jalma nu resep tipeupeuleukeuk. Urang Sunda, kulantaran kadidik ti bubudak kitu, biasana mah narik diri ...... Masyarakat Sunda oge aslina masyarakat feodal, unggal jalma aya hiarki/ tingkatan sosial di masyarakat. Tingkatan status sosial ieu teu masalah ari keur jaman baheula mah, da masyarakatna masih sabudaya (alias homogen tea). Ngan jadi masalah lamun aya nu asup ti luar. Bingung, kumaha nempatkeunana status sosial jalma ieu? . Kulantaran urang sunda mah geus katelah "someah ka semah", biasana status jalma luar ieu teh langsung "ditempatkeun" dina status sosial nu luhur. Gejala model kieu, ayeuna oge masih tiasa ditengetan di lembur-lembur nu singkur, lamun kadatangan jalma ti luar .... Jadi ceuk kuring mah, sabenerna lain kulantaran urang Sunda elehan, lain kulantaran urang Sunda kurang kawani, ngan kulantaran tarik teuing robahna kaayaaan di Tatar Sunda. Tatar Sunda salah sahiji tujuan utama kaum migran di Indonesia, sagala budaya ti etnik-etnik sejen ararasup ka lembur urang. Aya "benturan" budaya anu beda ..... Tos ah sakieu heula, geus jam opat sore, waktu dilembur mah, ke disambung deui .... Baktos, WALUYA
