Emut kapungkur kinten2 th. 1996 asana, kantos damel janten sekertaris Pengacara urang Batak, ngan betah 3 sasih, eta ku teu resep ningali kulawargana (utamina ibuna), da kantor teh sabeulaheun imah indungna, oge nu sok ngabersihan kantor nya pembantuna ieu. Pembantuna meureun umurna karek belasan taun mah, mana spanonna sigana rada teu ningali, lah..karunya pisan we ningalina.., eta unggal poe, lamun Indungna si Pengacara aya di imah teh.., teu weleh ngan hahaok we ka eta pembantu, arek nulungan bingung kudu kumaha.., ongkoh eta boga anak pengacara oge geuning teu sugan mamatahan indungna ulah nepi ka kitu.., damang we..., padahalmah eta kulawarga beunghar pisan, pasti bisa ngagajih cleaning service. Komo ditambah si Pengacara teh harita basa abdi didamel meunangkeun kasus Maria naon mah lah papanjanganana (lain maria abdi pastina) nu geus kadua kalina nganiaya pembantu tika maotna, kasusna meunang da akhirna dianggap teu damang si Ibu Maria teh, padahalmah teu singna.., eta kulawarga pembantu teh.., ngan dipasihan 25 juta, dikirimkeun ka lemburna di Jawa, kitu oge.., dipotong tiditu tidieu ceunahmah, ku desa, ku rw.., ah.. loba we.., nu katarimanamah paling ge 5 jutaan ceunahmah ku kulawarganamah. Ti semet harita nekad we ah.., ngajukeun eureun.., untungna teu lami tiasa mendakan deui padamelan. Maos dina koran kompas sababaraha sasih kapengker basa di lembur.., ayeunamah si Pengacara teh sigana tos terkenal, eta we janten tim pengacara Bank Indonesia.
Baktos, Maria Kang Asep nyerat : Ceuk abdi mah misalna akang ato euceu gaduh babu omat pisan ulah diperlakukeun sapertos budak berlian anu sangeunahna wae... tapi diperlakukeun saperti kulawarga urang. Anu dipupujuhkeun oge... kudu aya career developmen na... misalna diajarkeun usaha ngajait, jrrd.. jadi hiji mangsa eta pambantu bisa usaha sorangan. [Non-text portions of this message have been removed]
