La ilahaileloh, eta kang Ade, lawas ti lawas, ka mana wungkul atuh kang ?
Heu heu heu . . . . kawasna mah najan kuring oge, pasti ngadadak seger deui
mun tea mah kaparengkeun ngalaman galingging panas tiris heg weh ku kang Ade di
kirim susu seger . . . . hi hi hi . . . . mun enya nya ?
Nuhun ah,
kang Din
kangadesaputra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heuheuy euh, eta Abah ................. rupina mah
kalebet "penggemar" tilil anu sok susulumputan. Upami kitu, tangtos
Abah uningan naon bentenna Susu Seger sareng Susu Tepung ? Cobi ku Abah
jentrekeun supados barudak tarerangeun ! Mangga nyanggakeun !
>
Ampun Gusti eta kang Didin nganggo masihan QUIZ sagala ieu teh.... ke
lanan ulah kanggo Abah wae atuh ah da akang oge hoyong ngiringan. Kieu
meureun, Ari Susu SeGER mah nyaeta sabangsaning susu anu matak
nyeGERkeun contona mun nu gering gancang walagri deui mun diseueuran
nginum susu seGER. tapi kade bisi salah harti pajarkeun susu seger teh
hartina susu anu matak ngahudang panyawat jeGER, anu balukarna loba
jelema poho alias kalengGER, nya ku gara2 susu jenis eta hehehhe...
Ari susu tepung nyaeta susu anu loba dipake keur kaperluan Orok atawa
balita gaganti ASI. Pan ayeunamah seueur ibu2 wanita karir anu
beurangna digawe jadi ngan bisa nyusuan waktu peuting wungkul... tapi
ketang aya oge anu ngahartikeun model deui nyaeta cenah susu tepung teh
susu anu bisa matak ngaPUNG... duka ngapung kamana ah lieur akang
oge.... hehhee punten dulur pami rada ngacapruk. Cag.
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
[Non-text portions of this message have been removed]