Dua poe kamari, kuring mani asa rariweuh pisan. Poe Jumaah, kuring jeung
pamajikan balik ngantor burit pisan, datang ka imah teh jam satengah
genepan. Kakara ge hol muka panto imah, budak nu nomer dua, awewe masih
kelas hiji SMA, norojol ti kamarna bari lewa-lewe rek ceurik. Terus
ngomong :" Pah........ konci motor jeung STNKna  ragrag dijalan!"

"Titah saha mamake motor, pan maneh teh can boga SIM!",  ceuk kuring teh
nyereng. Da nyaeta budak teh can boga SIM, sanajan geus bisa naek motor
oge. Dimeunangkeun teh kukurilingan di kompleks perumahan wungkul. Tapi da
dasar budak, sok hayang ngalawan wae larangan kolot teh.

"Dimana muragna?", ceuk kuring teh.
"Tadi Nia ka sakola ngalangkung ka Cigadung Pa!"
"Dasar ...... eta los-los ka Cigadung sagala, kumaha neanganana jaba hujan
deuih ....mending lamun kapanggih!", ceuk kuring teh bari ngagubragkeun
maneh kana korsi. Ti kantor geus cape, diimah disampakkeun deuih masalah.
Budak teh lain nembalan kalahka lewa-lewe ....hing ceurik.
" Montong ceurik...... engke mah teu meunang make motor deui!", ceuk
kuring teh, bari terus nelepon lanceukna sina gancang balik, da kuduna mah
geus balik, moal enya geus rek magrhib masih kuliah keneh. Lanceukna
ngajawab manehna keur ngiuhan da hujan.

Tutungna kuring teu loba omong, nyarekan budak mah diteruskeun ku
indungna, kuring mah cape rek mandi heula. Kakara ge rek nyokot anduk, si
Nenti, pembantu di imah  ngomong: "Pa .....Pa ......di tepas dina kaso,
aya sayang engang, mani saageung piring, abdi sieun. siang ge tadi abdi
bade diseureud!"

"Mana?", ceuk kuring teh bari ngadigdig ka hareupeun imah, tatanggahan.

"Tuh dijuru Pa!", ceuk si Nenti teh tutunjuk ka juru.

Alah......bener pisan aya sayang engang. Kuring jadi ngahuleng ti iraha
enggang nyayang didinya, da asa teu nempo, atawa kuring tara tatanggahan
ka luhur kitu. Enggangna mani loba. Sayangna teh teu jauh jeung panto
pager imah, ditungtung panyaweran, dina kaso. Kuring bingung kudu kumaha
miceun sayang engang, sabab kuring rada trauma, baheula keur budak kungsi
diseureud engang, tepi ka panas-tiris.

"Keun we isukan urang piceun, da moal asup ka jero imah ti peuting mah!",
ceuk kuring teh ka si Nenti.

Teu kungsi si Cikal datang bari rancucut da hujaneun. dibejakeun konci
motor jeung STNK murag, waktu dibabawa ku adina. Gantawang deui adina
dicarekan ku lanceukna. Tutungna kuring jadi keuheul, " Geus...geus
jempe....isuk bae  urang pikiran, ayeuna mah sarerea geus cape"

Jep barudak teh teu hog-hag deui. Ngan biasana ari malem saptu teh sok
rame jeung barudak, maklum nyanghareupan libur, ayeuna mah jadi simpe. Si
bungsu oge nu biasana sok  rame ngadongeng soal di sakolana, langsung
ngaleos ka kamar, sare, kitu deui pamajikan miheulaan sare. Kuring diuk
ditengah imah, nempo acara TV, tapi dipindah-pindahkeun wae, teu
dilalajoan, ingetan kuring ngan ka STNK leungit jeung sayang engang di
tepas imah .....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke