--- In [email protected], Aa Asep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>Ieu salah sahiji kaleuwihan urang sunda dimana kumargi gaduh
pasifatan anu polos jeung sederhana mangkana urang sunda umumna
sifatna luwes /flexible / accomodative ~ gampil gawul jeung sasaha :D.
Mangkana 


Nuhun Kang Asep,

Anu dimaksud ku kuring mah kieu. Kuring curiga... budaya Sunda teh teu
maju2 lain kulantaran basajan, tapi kurang excel. Hartina teu boga
gereget sangkan bisa (katembong) maju.... ayeuna oge baheula.

Hiji budaya jeung peradaban anu hebat jeung kuat, PASTI ninggalkeun
artefak (hasil budaya material) anu hade. Tong jauh2, budaya Jawa bisa
jadi rujukan urang. Borobudur jeung Prambanan bisa dijadikeun conto
hebatna ieu budaya Jawa.

Balik ka Sunda, di urang mah teu sacewir2 acan titinggal karuhun anu
bisa dipikareueus. Ketah... mudah2an we can kapanggih.  

Basajan teh alus. Kabasajanan dina budaya teh sigana mah malik goreng,
sabab nu basajan mah sok karered batur. Tah, lebah mana urang kudu
bisa nempatkaeun basajan? 

Basajan teh pan teu sarua jeung nyempod dijuru... diituhetah ku batur.
 Lebah dieu urang Sunda kudu boga terkah sangkan "kabasajan" anu sok
dipiagul tea ulah disalahkaprahkeun.

Carana mah duka teuing. Ngan ieu masalah teh kudu dipikiran ku urang
balarea.

baktos,

Rahman

Kirim email ke