--- In [email protected], Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Rahman, > Anu ku Akang parantos dijalankeun salami ieu numutkeun pamendak abdi mah sae pisan, milarian anu bocor supados urg tiasa ngeunteung keur pikahareupeun, abdi reueus pisan :). Abdi teu ngaraos Akang teu nyaah ka kasundaan, justru Akang teh daek motekar jeung nalaktak eta positif pisan :). >
Kang A, Enya kitu. Mun rek nambal ban kempes mah... kudu daek bobolokot heula. Kadang2 kudu make ugel2an heula, da hese muka na. Komo mun teu boga pakakasa anu bener mah. Kadang2 nepi ka garetihan, bakating ku hese. Tapi, mun tea mah geus hasil. Ban kempes geus ka buka, pek katempo dimana anu bolong na. Tinggal ngaberesiha, terus ditambal singtaapti. Heg dikompa sing bener... ditanggung ngageleser deui. Moal ajrug2an siga keur make bang kempes geura! ;)) Ketah... ban bocor bisa we dibawa ka bengkes sina dipangnambalkeul. Ngan masalahna... urang moal bisa naon2 mun katempuhan bocor deui. Pangalaman nambal teh PERLU pisan. Antisipasi pikaharuepeun. Sigana mah ieu pisan anu jai ganjelan hese majuna uran SUnda. Euweuh pangalaman nambal ban alias KRITIS ka diri sorangan? baktos, Rahman
