--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> Kang RH, Hella Hasse teh nu ngarang soal juragan-juragan Teh di
Priangan 
> kitu (Keluarga Hoelle jeung Boscha)? kuring baheula kungsi maca dina
carita 


Kang Wly,

Enya eta... Manehna teh lahir di Priangan oge. Jadi ampir kabeh buku2
na make latar tukang Priangan. 

Pernah diterbitkeun di RI teu buku2 Hella Hasse teh? Sigana mah perlu
pisan keur urang Sunda, sabab bisa jadi bahan nyaliksik diri. Kumaha
'batur' nempo budaya urang.

Balik kana masalah 'ciptaan' Walanda tea. Da auh enya  kitu
meureun.... sabab sacara pulitik SUnda harita euweuh hartian. Hiji
budaya bisa dianggap ku batur mun aya patula oatalina jeung otonomi
pulitik.  Ketah... henteu kabeh, aya otonomi pulitik karajaan Banten
jeung Cirebon, ngan teu dianggap SUnda jeung teu nganggap maneh Sunda
kitu? 

Sunda sabage entiteit teh ciptaan Walanda? Enya oge sigana mah. Tah...
nyambung oge kana pananya kuring ti heula. Nu mana entitas Sunda teh?
Di jawab ku Jacob Sumarjo... samacem bhinneka tunggal ika versi
leutik... Jadi anu nga-ika-keun teh Walanda oge kitu? Paralel jeung
nga-ika-keun Nusantara jadi hiji entitas pulitik?

Tapi... asa teu kadenge aya entitas pulitik Sunda anu sagemblengna.
Meureun... aya upaya ka arah dinya ku (rek) dijieun Nagara Pasunda
tea? Ti baheula ... nepai ka ayeuna... entitas Sunda mah baceceran
keneh ... deui?

Ah teuing... jadi loba nanya, lain ngajawab! ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke