Ieu salah sahiji cara ngamumusti awewe/pamjikan;

- Kulantaran awewewe oge ngaduhan uteuk sami sareng
lalaki,eta kamngpuan uteuk teh kedah dikembangkeun.
Surung sina sakola deui lamun hoyong, kursus, janten
aktivis, naon ae kagiatan anu nango uteuk.pan mun
awewe/pamajikan pinter/smart/kasohor pan salakina anu
meunang nama. Pamajikan saha eta ?

- Bantu pagawean awewe di imah...ulah hayang tarima
jadi wae...tah didieu bedana soal stereo type
kawajiban awewe/pamajikan jeung ..asumsi sagala eta
kawajiban teh kudu dilakukeun kusorangan....ndah usah
ye..Mun hayang capcay..pan teu kudu manehna nu
masak...tapi manehna kudu boga ide..mun rek meuli
dimana...meulina pan bisa nitah..teu kudu kumanehna
bisi bohak dijalan..nincak batu....Lalaki tong sieun
disebut eleh kuawewe/pamajikan...da anu disebut eleh
mah lain nukieu...

-Ulah dikerem di Imah...ma enya makhluk hirup boga
uteuk dikerem ? Tingal dunya..gedean wawasan kanu
mangpaat..tong sieun rek nyeleweng...lamun aya awewe
nu resep nyeleweng mah..teu bisa
dikukumahakeun..bakat...hartosna..anjeun salah
pilih..kirang jeli.....

-Mun awewe resep kana pagawean beurat..aanapi sok tom
boy, keun wae atuh..arahkeun wae supaya mangpaat..sina
sakola bela diri...ayoman wae...naon hesena ....

Abdi gaduh rerencangan dalit..anu sok bangga
ngaagungkeun kinerja pamajikannana...basa rek diajak
emem di restoran teh pokna " Ah, sayah mah seneng
makan dirunah...tos biasa disadiakeun pun bojo"
maksadna ngagulkeun sang istri. Tapi abdi tos terang
pisan yen sang istri teh teu bisa masak boro2....Bari
jeung heurey ditembal ku abdi " Enya lah masakan
Rencang anjeun mah raos pisan...kamari keur nganteur
pamajikan emam dibumi anjeun ..raos pisan.."


--- Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> Sae tah kang, untungna ayeuna boga salaki teh
> pikiranna siga kitu, 
> mere sumanget sangkan bisa leuwih maju di luar imah,
> ulah ngan saukur 
> cicing diimah, ngurus seuseuhan, kumbahaneun, budak,
> masak jlsb.
> Abdi ge ke mah mun budak nu ayeuna rek borojol geus
> asup ka play 
> group, bade ngawitan motekar deui didieu, asa
> kuuleun ongkoh deuih 
> cicing wae di imah mah.
> Saleresna urusan rumah tangga mah, istri2 diditu
> sareng didieu sami 
> we geuning lamun ku abdi diperhartoskeun mah, resep
> ngurusan imah, 
> resep lamun imahna bareresih, resep ngurusan budak,
> resep masak. 
> Malahmah pernah aya penelitian, yen awewe didieu
> loba teuing ngurusan 
> imah, ceunahmah aya kana 3 jam sapoe jang beberesih,
> tungtungna 
> kulantaran loba teuing beberesih oge teu
> kaperhatikeun salaki, komo 
> bari ditambah digawe di luar imah. kurang komunikasi
> nu tungtungna 
> hubungan jeung salaki teu harmonis.
> 
> Abdi ge kitu, teu resep lamun ningali imah
> pabalatak, resep lamun 
> budak kaurus, resep lamun masak, heug salaki beuki
> kana masakan abdi. 
> Ngan aya tapina, abdimah embung lamun kagiatan ieu
> dijadikeun wajib, 
> ieumah sabage bentuk rasa mikanyaah abdi ka salaki.
> Kitu oge salaki 
> mun di rorompok pang ngadamelkeun kopi jang abdi,
> masak, ngurus 
> budak.., beberesih imah, abdi ge alim lamun hal eta
> dijadikeun 
> kawajiban salaki. Komo deui hirup didieumah lamun
> lain jalma 
> beunghar, moal mungkin bisa boga pembantu. Komo
> salaki bisa 
> poligamimah, impossible weh.. pokona.:-)))
> 
> Oge leres ke lamun aya kajadian sawaktu-waktu
> (samisalna salaki teu 
> bisa gawe deui, dipecat, kacilakaan jlsb) lamun
> pamajikan masih keneh 
> bisa gawe pan, teu ripuh2 teuing meureun urusan
> ekonomina. Matak sok 
> rada heran oge lamun aya lalaki nu keukeuh awewemah
> kuduna cicing di 
> imah. padahal jaman geus robah ayeumah, komo neangan
> pagawean oge teu 
> gampang.
> 
> Aeh enya teu hilap oge, dinten ieu teh poean awewe
> sadunya.., 
> sikuring salaku awewe miharep mudah2an kadituna
> kahirupan awewe di 
> sabudeureun dunya bakal leuwih alus.
> 
> Baktos,
> Maria
> 
> --- In [email protected], "Aasep"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Abdi resep sapertos Neneng Charlize Theron dina
> sweet november oge 
> dina AeonFlux atanapi Neneng Angelina Jolie dina
> LaraCroft- 
> TombRider ;))... salain urang jadi Ksatria Berbadan
> Hitam eeeh baja 
> hitam... istri oge tiasa marengan janten warior anu
> tangguh... janten 
> hiji mangsa Ksatria medar makalangan sang istri
> tiasa ngajaga 
> pertahanan rumah :D... saling support sebage
> associate oge kitu :D. 
> Mangkana pun bojo sempet rada hoream gawe ge tetep
> weh dititah 
> digawe ... soalna didinya pastina manehna aya rasa
> kabanggaan oge 
> tiasa digawe ngahasilkeun sesuatu jeung tiasa
> tanggah... upami 
> didapur wae lami-2 tiasa tungkul, lami-2 teu gawul,
> lami-2 teu tiasa 
> ngurus badan akhirna nya didadaster unggal dinten
> ;)). Upami gawe 
> mah... manehna gaul jeung babaturan... ninggali
> batur oge... mun 
> manehna rudin pasti era sorangan :D. Ngan tangtuna
> gawena ulah beurat 
> teuing... nu utami neangan dollar mah tetep kedah di
> lalaki :D. Istri 
> tetep focus utama monitor barudak oge :D.
> > 
> > Salam Motekar ;)),
> > Asep
> > 
> >   ----- Original Message ----- 
> >   From: Hilda Rumambi 
> >   To: [email protected] 
> >   Sent: Thursday, March 08, 2007 9:16 AM
> >   Subject: Re: Stepford Wives - Re: [Baraya_Sunda]
> Re: 
> ImamIdolVirtual - Tiasa Istri
> > 
> > 
> >   enya lucu pisan, abdi geus nonton 2 kali yeuh,
> jadi lalaki nu 
> hayang boga istri nu nurut tiasa dititah sahoyong
> dewek (eh ieu mah 
> jawa nya?) alusna nonton pelem ieu....tapi mungkin
> di lubuk hati yg 
> paling dalam para lelaki mengharapkan istri seperti
> ini kah 
> hehehe?? :) wah pasti para feminist marah pisan
> nih...
> > 
> >   . 
> >    
> > 
> > [Non-text portions of this message have been
> removed]
> >
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Bored stiff? Loosen up... 
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
http://games.yahoo.com/games/front

Kirim email ke