kang Waluya, panginteun ningali langsung Erry Rahman ? Mani karunya
manehna teh hayang sakola bener-bener malah jadi korban kekejaman
IPDN, Gera pikir naon maksudna ngan jang jadi Lurah, camat kudu make
binaan gaya militer, padahal mah dimiliter oge teu sakejam di IPDN
panginteun ?
nyaan abdi oge jadi teu simpatik kaeta sakola, leres abdi oge tos
ningali gedung sakola ari bade ka bandung, mani ageung, agreng,
pokokna mah gagah, tapi dibalik keagrengan aya kekejaman ih...
merinding...
Sok inget ka pun Bapak, harita teh hoyongeun/ngajurung raka abdi kudu
asup ka IPDN, ngan untungna raka abdi alimmeun, malahan milih ka
Yogyakarta nyandak fakultas ekonomi, kumaha teuing lamun raka abdi
masuk IPDN panginteun disiksa ditajongan siga Clif Muntu, lamun hirup
oge boa-boa jadi gelo, ih... amit-amit...
Harita teh bapak abdi mah mani bangga pisan ka sakola IPDN, ayeuna mah
 tos kabongkar kaburukan IPDN, bisa nyadarkeun Bapak abdi ulah bangga
deui ka IPDN.

Baktos,
Nn

  



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Teh Nenen, dongeng aya katelengesan di IPDN/STPDN saleresna geus 
> kakuping ku kuring ti mimiti sakola ieu ngadeg (awal 1990'an). 
> Samemeh RS Al Islam ngadeg di Jalan By Pass Bandung (Jl. Soekarno 
> Hatta), Rumah Sakit rujukan STPDN teh di RSU Sumedang nu aya di kota 
> Sumedang. Tah dongeng katelengesan di STPN teh ti perawat2 di RSU 
> SUmedang. Ceuk beja mah, mahasiswa nu teu kuat, lain wae gering 
> fisik tapi aya oge nu gering jiwa alias owah (gelo ngadadak). Tapi 
> di jaman harita, dongeng katelengesan teh ukur jadi bahan obrolan 
> wungkul, teu aya wani muka  siga ayeuna.
> 
> Kuring mimiti yakin aya katelengesan teh, di taun 2000. Harita teh 
> kuring ngalongok babaturan nu dirawat di RS Al Islam. Waktu 
> ngalongok eta, kuring nyaho, sabab warta soal ieu nyebar di RS 
> Islam. Kabeneran deuih kamar Erry Rahman dirawat teh teu pati jauh 
> ti kamar dimana babaturan kuring dirawat. Karunya ningali 
> kulawargana ...
> 
> Heuleut dua poe ti harita, warta soal Erry Rahman teh, mucunghul di 
> koran di Bandung. Tapi saperti ayeuna, patuduh-tuduh jeung ditutup-
> tutup. Jadi kasusna teu jelas .....
> 
> Tah kulanataran kitu, kuring mah teu simpati pisan ka sakola eta 
> teh, sanajan ari ningali kompleks sakolaanana ti luar mah, resep ku 
> megahna jeung pikabetaheun, matak sirik batur ....
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, nn4wjr <no_reply@> wrote:
> >
> > Walah kang Waluya, geuningan brutal, kekejaman anu diajarkeun 
> kusakola
> > pamong. Abdi nembean ningali SIGI 30 menit ti sctv online, wah... 
> mani
>


Kirim email ke