A. Anu rada hese, kuah kari. Bungbu lemes; 5 bawang beureum, 1 sihung bawang bodas, 2 guruntul muncang beuleum, 1 koneng temen sedeng, 1 sdt katuncar, 1/2 sdt pedes lemes, 1 sdt gula bodas. Tumis bungbu lemes nepi ka bauna sedep. Tambahkeun 2 lambar daun salam jeung 1 batang sereh anu tos dikeprek. tambihkeun cai pati encer kira2 1 liter. Godog dugi ka ngagolak. Tinyuhkeun oplosan aci 1 sendok makan kanggo ngentelkeun kuahna.
Bahan Kupat Tahu per porsi; 1 Kupat asak ukuran sedeng. Beulah dua saeng potong alit 2 janten 8-12 potong. 2.Tahu goreng satengah mateng panas2 dikeureut pasagi (hiji tahu dibagi opat) 3.Toge kulub sacanggeum. 4.Bawang beureum goreng 1 sendok makan. 5. Kurupuk beureum sakeupeul diremes. B. Anu gampil. Rekuh suuk goreng (ulah tutung) kinten 3 sendok makan per porsi. Tambihan uyah sareng gula sacekapna, cikur sakedik (lamun kersa), tambihan ku cai panas dugi ka bungbu teh kentelna sedeng. Tiasa ditambihan kecap amnis 1/2 sendok teh sareng kucuran cai jeruk purut. bahn Kupat tahuna sami sareng anu diluhur. Sambelna saqena mah sambel tumis; Cengek lemes 1/2 ons dicampur gula beureum 1/2 sdt, uyah 1 sdt ditumis ku minyak keletik (kalapa). Tambihan bubuk lauk asin peda goreng kinten2 1 sendok makan. tambihan cai panas 2 sendok makan supados ulah tutung. masakna dina seuneu alit. Marangga upami hoyong nyobi........ --- junifia_asmara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten pisan, lamun aya nu terang resep kupat > tahu... > abdi teh meni hoyooooooonggggg pisan tapi tebih ti > lembeur teu tiasa > meser di pengkolan.... > > nuhun ka sadayana... > > > --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, surtiwa surtiwa > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > basa abdi di SR di bandfung anu katohyan Kupat > tahu > > bandung teh nyaeta Kupat sareng tahu goreng sareng > > Toge kulub nganggo samacam bungbu kari,diawuran > > kurupuk beureum. basa minggu pengker abdi ka > Bandung > > dipilarian teh eta Kupat tahu teh seueur geuning > > versina ayeuna mah. palng henteu aya 3 golongan > > ageung; > > > > 1. Kupat Tahu bungbu kuah kari. Kupat, tahu > goreng, > > toge kulub, kurupuk beureum, bawang beureum > goreng. > > versina aya anu ditambihan sohun atanapi mihun. > Kupat > > Tahu model kieu teh cenah kawitna mucunghulti > daerah > > Padalarang.Mun di Jakarta..saderekna teh mirip > nyaeta > > Ketupat Sayur, Lontong sayur. > > > > 2. Kupat Tahu bungbu kacang (suuk). Kupat, tahu > > goreng, toge kulub, kurupuk beureum. Bungbu > kacangna > > mirip2 bungbu lotek atanapi gado2. Di Lembang > cikurna > > dileuwihan..janten rasa2 jajamu. Di Jakarta namina > > Ketoprak (bungbu suukna ngango bawang bodas > sakedik > > direkuh). Kupat Tahu model kieu teh cenah kawitna > ti > > daerah Tasik/Singaparna. > > > > 3. Kupat Tahu Petis. Kupat, Tahu goreng, Toge > kulub. > > Bungbuna suuk nganggo petis (atah). Di bandung tos > aya > > awal tahun50 an. Saderekna ti Jawa Wetan/Tengah > > Surabaya, Magelang,jrrd. > > > > Engke meueun aya versi sanes urang tunguan wae... > > > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > > http://mail.yahoo.com > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com