KATA2x PERTAMA untuk Kang Ever: selain Kang Ever berpola pikir status quo/main stream, tapi Kang Ever oge AHISTORIS (teu ngabandungan ti awalna), jadi aya padungdengan anu missing, baraya. Baca deui ah sing lengkep. LIEUR! Hehe 20X Kang abdi mah teu aya urusan eujeung awewe anus ok make papakean diBAKUTET jilbab, eta mah terserah bae rek dijilbab mangga, moal atuh mangga, TERSERAH. TAPI baraya, lamun aya SUAMI anu NGALARANG PAMAJIKANNA DANGDAN eta tangtu lalakina ANEH. Sabab ari pamajikanna dangdan mah meureun NGEUNAH DIKEUKEUPANANA oge. TERUS mangga bae lah baca deui LITERATUR mengenai EKSPLOITASI da di JEPANG mah nagara maju, tangtosna oge seueur pisan. Terus lamun aya anu nganggap AWEWE the BARANG, eta jalma berarti geus ngalakukeun perampasan atas hak azasi manusa para Awewe. Jadi tong ngarasa ANEH, da sabenerna mah salira oge ngartos geuning. Kang abdi mah kirang paham, maksudna ULAMA NYEPENG KITAB anu nerangkeun yeng AWEWE the disamikeun jeung BARANG. Eta teh ceuk ULAMAna atawa ceuk AGAMAna? Saran Abdi Keur Kang Ever, mun eta ULAMA ngajarkeun KASESATAN samodel kitu, TINGGALKEUN sajah eta ulama teh, baraya. Terus mun ternyata AGAMAna anu ngajarkeun kasesatan samodel kitu, mangka TINGGALKEUN saja ETA AGAMA teh, baraya, terutama ajaran anu sesatna eta. Untuk Apa diikuti, jika ternyata MENYESATKAN mah, jadi henteu MUNAFIK, baraya. Munafik the ongkoh NYAHO SESAT tapi terus bae DIIKUTI. Tapi inget mungkin aya kasalahan dina PENAFSIRAN ulama terhadap TEKS-TEKS agama, anu akhirna MENYESATKAN, kitu tah. Wah,wah, wah, ternyata Kang Ever teh ukur teu satuju ka Simkuring (sabab main stream tea atuh), singhoreng sabenerna mah Kang Ever geus paham naon anu dimaksud EKSPLOITASI perempuan the, nya seperti anu kajadian di ARAB tea lah. tah Kang najan eta teu merkosa sacara BADANIAH (TUBUH SEKSUAL), tapi mun dina teori Gender mah eta geus asup kana pemerkosaan atawa kekerasan seksual (sexual harassment), ngabeda-beda peran sosial AWEWE kulantaran STATUS SEKSUALna tea, anu akhirna perempuan terjebak dalam ALIENASI (keterasingan Sosial), mangga aos bae buku Analisis Gender & Transformasi Sosial (Mansour Fakih, 1997). Oh, jadi di Jepang the jelemana geus teu BERMORAL nya kang?, teu langkung da eta saur salira, baraya. tapi semangat dan etos kerja orang Jepang mah tinggi, hirupna layak, estuning PIKABETAHEUN nya Kang. Ah da abdi mah tong boro ka Jepang atuh ka Pndeglang oge teu acan, maklum rahayat alit, ukur nurani modal kuring mah. Kang ngeunaan Akang BETAH di JEPANG tibatan di INDONESIA mangga tEh teuing, da rahayat Indonesia oge moal SAKABEHNA nyeungceurikan akanG, rupina mah, Wilujeng Kang. Sareng perkara bade badanten heula sareng Kang A + The M, mangga bae da et amah hak salira. Hatur Nuhun ever permadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: hiji waktos aya salaki nu ngalarang pamajikanana dandan, raray na oge ulah katingal ku batur, awakna dibakutet sarba ditutupan, pami nu kieu kumaha tah mang Bud? nindes hak awewe teu? majarkeun teh pan curam-caram teh hak salaki, naha ari lalaki meunang kawin deui dlm rangka menghindari zinah alesanana mah, tapi awewe mah ulah nanaon pisan? jadi aneh sim kuring mah, nu kieu teu disebut eksploitasi, teu disebut ngarendahkeun awewe nu dianggap na teu langkung ti batan barang, pan saur ulama ge yen awewe mah siga inten ceunah kudu dipupusti, bari teu sadar yen eta teh disebatna jinsun ba'id (ungkapan jauh) ceuk kitab2 maraneh na, nu hartos na; teu lian deui yen awewe teh disamikeun sareng barang. Malaysia, Mesir ngarintunkeun perwakilan kanggo mis yunipeureus ieu, da meureun dina pamahaman aranjeunna mah, nu daek wae atanapi teu ngarasa masalah mah heug we miluan, da nu teu kersaeun mah moal ngiringan panginten. di Arab mah awewe teu keunging nganggo raksukan warna moronyoy, mun kapendak bakal digerewek ku pulisi, teras awewe teu boga hak pilih, nembe ayeuna-ayeuna eta ge bari dirojokan ku nagara2 luar, naha sanes ngarendahkeun hak jeung martabat awewe? naha awewe teh dianggap 1/2 manusa? nu teu boga hak jang mikir kahadeanana sorangan? naha lalaki teh asa jadi raja-raja teuing, dugika teu aya nabi ti awewe. Neng Mori di Jepang dialeut, dianggap jadi pahlawan, da seuseurna nu ngahaturan neng Mori teh nini sareng aki-aki, ah pedah nini-nini jeung aki-aki Jepang mah teu bermoral meureun nya? duka pedah sim kuring ge tos katerapan deungeun style meureun nu sakitu majuna, nu boga prinsip sakur jalma nu daek digawe atanapi usaha bakal boga kasempetan hirup layak, teu cara diurang, nu gawe sataker kebek ge masih keneh sok kurang jang sapopoena... ieu mah mung sapamendak kuring, teu badanten heula sareng A Asep atanapi Teh M, mangga bade disebat main stream idea oge. baktos ever
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]